Heheheh*punten tong diangge manah, dongeng nu nembe teh heureuy alias bobodoan, 
Kang Doddy. Leres Kang Deny, nyaah tapi teu bisa walakaya, da seueurnamah nu 
teu leres teh sanes Pulisi-na tapi oknum. Tos janten rusiah umum yen seueur 
Pulisi nu teu leres, tapi teu sadayana kitu pan? Abdi gaduh dongeng deui, tapi 
ieu mah nyaan*

Pulisi 1
Minggu kamari aya kulawarga adi kuring datang ti Magetan.
Kabeneran salakina rek nyiar kembang ka Cihideung Lembang, menta anteur ka adi 
kuring nu bungsu make motor, da ambeh tereh jeung bisa suat siet ceunah.
Bakat ku rusuh da sorena kudu geus balik deui ka lemburna, manehna ngebut.
Anjog ka hiji parapatan manehna nereleng we sakitu lampu rek beureum, teu 
lila...
"Priiiiiitttt..." sora piriwit pulisi disada, kapaksa maranehna eureun.

Sanggeus "basa-basi", pulisi teh menta duit tilang.
Kabeneran adi beuteung kuring teu mawa duit, da can nyokot di ATM, manehna 
ngasongkeun duit Rp. 5.000,- Polantasna gideug, mbungeun. 
"Kalo Rp. 10.000,- aja gimana Pak?" Masih gideug, mbungeun keneh.
"Wah, Pak saya nggak bawa uang, kebetulan buru-buru tadi", ceuk adi beuteung 
kuring ngalenghis. Eh, duitna ditampa ku eta Polantas heheh..."dipoyok dilebok" 
(aduh, punten baraya ni songong kieu, eta mah saur paripaos).

Nepi ka imah, manehna laporan ka adi kuring yen manehna beunang ditilang ku 
pulisi.
Kabeneran aya kuring didinya keur lalajo TiPi.
"Mbak, Polisi sini koq mau dikasih Rp. 10.000 ya? Di Jawa sih boro-boro...kalo 
nggak Rp. 20.000,- ya ndak mau!"
"Ya wajar tho, di Bandung kan Polisinya banyak. Jadi banyak saingan, sepuluh 
rebu juga lumayan*.heheh..."ceuk kuring bari nyerengeh.


Pulisi 2
Tilu bulan katukang, adi kuring nguruskeun mutasi kendaraan (motor) ti Bandung 
ka Jawa Timur. Ku lantaran manehna dines di Jatim, nya kapaksa menta tulung 
manguruskeun ka hiji pulisi nu dines di eta Samsat bari mere duit Rp. 600.000,- 
Adi kuring nyerenkeun ka kuring, nitah mangnyokotkeun mun geus beres. 

Kukuring hayoh dituturkeun (di-follow up) geus nepi kamana eta susuratan, da 
geus sabulan leuwih teu emol-emol, euweuh beja-euweuh carita. Beja mah berkasna 
leungit, loba pisan alesanana. Tungtungna kuring taluk. Ku lantaran adi kuring 
keur sakola, kuring masrahkeun ka salakina sina dituturkeun ku telepon jeung 
SMS. 

Basa adi kuring balik dina raraga ijin berlibur ka Bandung, manehna nanyakeun 
ka kuring sual susuratan tea, geus beres atawa acan. "Baroraah beres, ditelepon 
teu ditembalan, di SMS teu dijawab, naha atuh bisa kitu? Pan maneh teh Pulisi 
lain? Naha bisa katipu ku Pulisi deui*ana kitu mah urang judulan we atuh kasus 
ieu teh, "Jeruk Makan Jeruk, eh salah*Pulisi Ngadahar Pulisi heheh*."

Adi kuring nu jadi pulisi ngan saukur bisa nyenghel...da heueuh meureun...

ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 06/26/07 12:00PM >>>
Sanes ngewa panginten, eta mah sikap bakat ku nyaah 
tapi teu walakaya. Da kumaha atuh :-(
malah, abdi mah ngalaman pisan teu pupuguh dipariksa 
ku pulisi pedah nulis artikel pendidikan jeung 
wartawan amplop anu ngabadeg ka sakola ngadon 
namprak ka kepsek! Untung dibui oge! 

--- In [email protected], "Doddy Achadiat" 
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Hmm...meni seueur nu ngewa ka pulisi nya di milis ieu teh....

Kirim email ke