Hatur nuhun kang Dicky kana waleranana.. Cik lah pami nyalse deui mah, perkawis waragad na, nyewa villa di sabudereun sari ater, ciwidey, tangkuban parahu sareng nu sanesna tiasa di kinten-kinten teu sabaraha sabarahana?
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of dicky mardiana Sent: Monday, June 25, 2007 6:14 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] OOT: Peryogi info wisata Kudu salse ngajawabna ieu mah, sabab loba pisan picaritaueunna. Ciwidey : Tempat pangalusna "ceuk kuring mah", ngan hanjakal jalanna ngan sakitu-kituna jeung pamondokan anu bintang, 3, 4,5 asana teh cak kapanggih. Pernah mondok di walini, arga puri, jeung eta geuningan anu jadi setting sinetron anyar tentang hantu. Jang turis asing mah kurang mernah. Ciater, Tangkuban Parahu : Jalan alus, hotel alus loba pisan(bintang 4 dan 5): Bakal sugema lamun mondok di Sari Ater-4- (Buka wae situsna), Villa Air-5-, villa istana bunga-sabeulaheun istana bunga, Puteri Gunung. Nyingcet saeuik ka Wetan : Bandung Giri Grahana, Puri Khatulistiwa.... Nyingcet deui aya Kampung Sampireun jeung Sumber Alam (Garut) Nyingcet pisan ka kulon, puncak rea pisan..... Kuring mah resep ulin euy.... Lain pedah loba duit, tapi pedah hayang nyaho wae. Saengeusna mah pusing neangan duit deui....... Panjang keneh lah... acan restoranna..... Hatur nuhun, -dm- Simkuring <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamu'alaykum, Sampurasun, Hapunten ka sadayana para wargi di babakan KUSNET ieu, Simkuring seja tumaros perkawis wisata di wewengkon Bandung (kidul, kaler, kulon, wetan) anu kinten-kinten merenah pikeun tourist urang luar nagri. Upami di Bandung kidul sapertos Ciwidey, Situ patengan, Ranca Walini, Kawah Putih sareng sajabana misalna. Kumaha perkawis hotel atanapi villa, sabaraha waragad di eta wangunan sadintenna kanggo mondok sareng kumaha kondisina, naon wae kinten-kinten fasilitas anu aya diwewengkon anu di tuju. Kitu deui perkawis di Ciater, Tangkuban Parahu sareng tempat2 sejenna, patarosanna teu tebih. Sim kuring aya nu naros, weleh da Simkuring mah wungkul terang tempat nanging teu terang asal usul na. Lulumayanan, urang ngabilintik nawiskeun wisata kasundaan sareng kaendahan alam sanaos teu seeur, mugia pi engke'eun deui langkung onjoy ngeunaan pariwisata di sabudereun Bandung, umumna wewengkon kasundaan sanesna. Hatur nuhun sateuacana oge, pami kinten2 aya anu haat ngawartosan Simkuring, supados teu ngaganggu ka wargi sanes, sumangga di japri keun oge langkung sae. Cag ah, Baktos _____ Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet <http://us.rd.yahoo.com/evt=48253/*http:/mobile.yahoo.com/go?refer=1GNXIC> in your pocket: mail, news, photos more. __________ NOD32 2350 (20070624) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com

