Punten, nambihan deui.

  Nembe marios Mangle Nomer 2123 terbitan 21-27 Juni 2007, aya info gening 
Perang Bubat teh dicarioskeun oge dina naskah Carita Parahyangan sareng naskah 
Pararaton. Janten upami kitu mah, henteu eleh ku iliad, Kidung Sunda oge gaduh 
naskah pembanding ti tempat anu benten.
   


Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  aya 
anu kakantun neng,

Upami ditilik dina lalaokonna, dimana istri anu janten sabab pacengkadan / 
perang rongkah antawis 2 nagara, lalakon tumpurna karaton karajaan Troy (anu 
digambarkeun dina film Helen of Troy) langkung mirip kana lalakon Ramayana 
dimana Sita direbut ku raja Srilanka (Alengka) ti raja Ayudia (di India).

Upami dina asal usul sumber carita, Kidung Sunda mirip sareng Ilyad dimana 
naskah lalakon urang Sunda vs Majapait kapendakna di luar Sunda sareng Majapait 
sementawis lalakon tumpurna karaton Troy vs Yunani kapendakna di luar Troy 
(Turki). Husus kanggo Ilyad, upami henteu lepat, aya naskah pembanding di 
Yunani mung hilap deui namina.

Sakitu pamendak sim kuring.

Wassalam,




Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                              Anu paling mirip antawis Iliyad sareng Kidung 
Sunda teh:

- Carios Kuda Troya (di Turki) kapendakna di Roma (luar Turki)
- Carios Perang Bubat (di Jatim) kapendakna di Bali (luar Jatim)

Mung ari Carios Kuda Troya mah tos tiasa dibuktoskeun kumargi aya wujudna 
kapendak di Turki Kaler.

Duka tah upami carios perang bubat, kumaha cara ngabuktoskeunnana? Naha aya 
naskah pembanding di daerah sanesna (di tatar Sunda)? Upami aya, panginten 
cekap janten buktos yen perang bubat teh kantos kajantenan.



dini harmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                              Wah, perang bubat anu salah sahijina disababkeun 
ku 'istri' nya? seru seru ... mugi-mugi teu kajantenan deui. mugi-mugi potensi 
'istri' nu dominan ayeuna tiasa ngawujudkeun perdamaian nu ngabagjakeun, sanes 
janten salah sahiji faktor nu nyababkeun 'perang'. mangga diteraskan bagi-bagi 
elmuna ...

hatur nuhun
=),
dini harmita

A





Asep
       

---------------------------------
Looking for earth-friendly autos? 
 Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.  
     
                       


Asep

       
---------------------------------
Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of spyware 
protection. 

Kirim email ke