Untung kajadianana lain dina jaman nabi Sulaeman, kapan ku nabi Sulaeman mah
tah budakna rek dipeuncit. Dihulag ku indungna bari pok teh tibatan dipeuncit
mendng dibikeun ka anu menta. Beda nya jaman harita jeung jaman vending machine
mah.
Wassalam DP.
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
(beunang nerjemahkeun)
logika lalaki
hiji caroge sareng istrina nuju ngahadiran sidang perceraianana di
pegadilan agama New York City (sebut we kotana eta). Dina sidang eta rek
diputuskeun saha nu boga hak ngasuh budak.
Bari ngagorowok histeris jeung ajrag-ajragan, si istri nyarita
"Yang Mulia bapa hakim, abdi nu ngandung, nu ngalahirkeun pun anak ka
dunya bari nyeri bari dijurung kasabaran."
hakim ngalieuk ka caroge si istri,
"Naon pembelaan anjeun kana tuntutan istri anjeun?"
si caroge ngahuleng sakedap, terus ngawaler make sora datar
"Bapa Hakim nu dipihormat, upami sim kuring ngalebetkeun koin ka mesin
Coca cola, mesina goyang sakedap, terus minuman coca cola kaleng kaluar.
tah, numutkeun pa hakim, minuman kaleng coca cola eta milik abdi atanapi
milik mesin?"
hehehee...:)
mj
http://geocities.com/mangjamal
---------------------------------
Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV.