kahatur baraya Bakus mangga nyanggakeun :
Wirid
Basa tadi peuting kabeneran caang bulan kuring jeung nu sejen balik tadarusan
teh ngawarangkong ngaler ngidul handapeun tangkal buah anu ngarumpuyuk.
Mimitina mah ngabahas jurig anu sok nyiliwuri atawa setan anu mindah rupa ka
mayit anu nembe dikurebkeun. Kunaonnya mun seug aya jalma maot anu teu wajar
misalna bunuh diri sok diisukeun arwahna marakayangan? setan anu mangrupa mayit
atawa kumaha eta teh ? tanya kuring
"Enya euy ceunah mah kitu, da matak jempling salembur datang peuting teh,
ngaharephep we dienggon masing-masing da sieun dijungjurigan" sambung Pak Wawan
"Tah malihan di lembur kuring mah enya geus lila sih dua puluh tahun ka
tukang tong boro anu maotna teu wajar anu wajar oge angger we dipikasieun"
sambung kuring
"Eta teh kieu da ari jalma nu geus maot mah arwahna geus mulih kajati mulang
kaasal atuh, moal bisa ngaganggu ngagilinggisik ka makhluk anu masih
kumalendang dibumi alam, tah anu samodel kitu mah enya marakayangan ceunahmah,
eta mah syetan anu mangrupa atawa jurig anau nyiliwuri kana nafsu kapanasaran
jalma anu maot" tembal Pak Samjan.
"Atuda pak kukituna mah hawatos ka kulawargana janten fitnah" sambung kuring
"Mangkana tong dipikasieun kunu kitu mah, da eta mah syetan anu keur ngagoda
urang ngarah kaimanan urang mengpar" tembal Pak Samjan
"Yeuh dulur sabenerna mah rasa kasieun eta mah datangna ti urang-urang keneh,
sok geura mun seug urang rek ngaliwatan tempat geueuman atawa tempat angker
lamun urang percaya pisan pasti muruding bulu punduk beuki sieun we, atawa moal
daek-daek acan ngaliwatan eta patempatan. Tapi upama kayakinan urang panceg,
Insya Allah moal aya nu ngaganggu da ari syetan mah urang lewih sieun leuwih
atoheun atuh, babacaan wae ngarah reugreug. sambung Pak Haji.
Wah kumaha Pak Haji mun seug teu mawa bacaeun ? tanya Kang Aris
Teu mawa bacaeun kumaha ?
Enya saumpamana teu mawa koran-koran acan
Hussssss...babacaan didieu teh lain maca nukaritu atuh, ieu mah maksudna
ngadu'a ka Gusti Allah.
Ohh..sugan teh maca koran sina tarik ngarah teu sieun.
Aya anu aneh deui ieu teh, Pak Bangbang pernah teu bulan kamari misalna
ngimpi teh, tuluy ayeuna impian eta teh karandapan na kahirupan nyata persis
dina impian baheula eta kajadian teh.
Pernah euy enya..pernah. pas keur sare aya nu ngahudangkeun kurang leuwih jam
3 janari, "yeuh..yeuh geura hudang tuh Dadang maot..."
Korejat we kuring hudang tuluy ngareret kana jam anu ngadaplok na tembok, lah
geuning karek jam 3 janari, goledag deui kuring sare, guher deui kerek. Naha
euy aneh impian teh nyambung, didituna teh kuring teh indit we ka petir rek
ngalayad pas hareupeun PGSD layon teh geus digogotong rek dikurebkeun. "Rek
dikurebkeun dimana euy..?" tanya kuring
"Di Cieunteung kang...." tembal si Jaka
Naha da karek oge mengkolkeun mobil maksud teh rek diparkirkeun, da nu
ngagarotong layon teh baralik deui. "Har naha baralik deui, kunaon kitu?" tanya
kuring
"Pinuh kang teu kabagean tempat" tembal nu ngagarotong
Bray we kuring beunta tuluy gigisik, ret kana jam beu geus subuh geuningan.
Isukna kuring bebeja ka ibuna budak, yeuh Ibuna basa tadi peuting Bapak ngimpi
Dadang maot.
"Keun we Pa jigana rek panjang umurna" tembal ibuna budak.
"Amien..tapi Bu kapanan Dadang teh keur dirawat di Rumah Sakit."
"Aeh..ari si Bapa..meureunan mun kapapatenan mah titatadi oge geus nelepun
kadieu"
"Enya nya kapanan Bapa teh ngimpi nya Bu.." tembal kuring tuluy ngaleos bari
ngarawel anduk.
Tiharita geus we impian eta teh kukuring geus teu dipikiran, biasa we kuring
indit ka sakola, naha da baraya, pas jam tilu sore aya nungabejaan enya Dadang
maot. Innalillahi Wainalillahirojiun..ras kuring inget kana impian tadi
peuting, beg kuring ngagebeg...beu enyaan geuning impian teh gerentes kuring.
Tah kitu pangalaman ngimpi anu aya kaitana jeung kanyataan teh.
"Sakabeh jalma oge Insya Allah ngarandapan impian anu nembongkeun
kajadian-kajadian anu bakal karandapan, ngan urang mah kadangkala teu apal,
malahan poho-poho acan kana impian eta, apal-apal geus karandapan teh tuluy
ngahuleng..ke ieu teh asa pernah kaalaman, kapanan singhoreng na impian."
sambung Pak Samjan.
Punten pak sakedap rada OOT yeuh..celengkeung Pa Aris
Naon kitu OOT teh Pa Aris ?" tanya Mas Gusmin
Out Jang Topik meureunnya Pa Aris, cekeng
Enyalah jiga kitu..tembal pa Aris
Baheula nya saya keur di Surabaya, kan aya proyek anu keur ditenderkeun
Proyek naon kitu ? tanya Mas Gusmin
Eta proyek masang trotoar, kapanan saya teh kamamana indit teh tiluan jeung
babaturan, sarua babaturan oge sok ngaborong pagawean. Tah kacaritakeun aya nu
mere alamat, ceunah mun hayang proyekna gul cobaan tatanya ka ajengan tuh di
jalan anu.
Kocapkeun kuring tiluan arindit we ka eta ajengan, barang anjog ka patempatan
eta anjrit euy eta mama ajengan kumis jeung janggotna beureum bawaan halisna
oge panjang beureum.
Ari kitu beureum kumaha ? tanya kuring
Enya ieu mah lain beureum nang milok atawa nang ngecet...asli ieu mah
Urang tuluykeun nya, tah babaturan nu kahiji asup tiheula, tuluy ngadugiken
pamaksudana ka mama ajengan eta. "Maaf saudara pernah minum-minunam keras ya,
berjudi, juga suka maen perempuan ya..?"
"iy..ya....kok pak Ajengan tahu sih?" tembal babaturan bari semu euceuy, era
jigana katohyan kalakuana baheula.
"Ya sudahlah sekarang saudara bertobat aja, tidak boleh terulang lagi ya"
Iya..pak tembal babaturan bari ngeluk tungkul
Nah sekarang saya kasih bekal, ini tolong amalkan istighfar sebanyak 5000
kali tiap-tiap setelah Sholat Subuh dan Maghrib. saur pak Ajengan bari
ngasongkeun kertas.
5000 kali Pak Ajengan ? apa gak salah tulis ? tembal babaturan bangun nu
cangcaya.
"Iya 5000 kali, mau sukses tidak..?" jawab Pak Ajengan bari mulir-mulir kumis
beureumna.
Iya..iya..Pak ajengan...tembal babaturan semu sieun.
Giliran babaturan nu hiji deui..kitu deui sarua ngan nu ieu mah wiridna rada
ringan mung 3.500 kali
Tah giliran kuring mah ngan ukur 1.500 kali. Pas kaluar ti imah Ajengan
babaturan keur guntreng ngamasalahkeun jumlah wirid.
Ris..kamu jumlah wiridnya dikasih berapa ? tanya babaturan kuring nu meunang
giliran wirid 5000 kali.
"Sama saya juga banyak euy..1.500." tembal kuring
"Haaaaaaaahh apa kamu bilang..1.500?" tanya babaturan kuring nu duaan meh
bareng.
"Iya..kok gak percaya..nih kertasnya.." tembal kuring bari nembongkeun
catetan wirid ti Pa Ajengan.
Wah...gak bener nih, masa kita sama-sama, kemana-mana bareng kok wiridnya gak
sama, malahan aku yang paling banyak..gak beres nih Ris. cek babaturan bari
muncereng.
"Mas saya juga ga tahu atuh, kan yang ngasih catetannya bukan aku" tembal
kuring
Si Mas ngabetem we...da eta tilu poe ka kuring teu nanya-nanya euy, gara-gara
jumlah wiridna panglobana.
Panglobana wiridna teh jigana pang beuratna nya. sambung Pak Wawan mairan.
Heueuh enya jigana kitu.......
Hayu ah..urang loba istighfar..............
Kulantaran aya acara Wayang Golek na TPI urang balubar we ka bumi
masing-masing....mangga kasadayana Assalamu'alaikum........
Di Tulis ku : KeboHideung Perum Griya Mitra Batik
Catetan : Nami oge tempat mung fiktif wungkul, hapuntena kanu namina sami.
Kumpulan Tulisan Kebo Hideung :
Bauna
Si Otong
Teu Nyambung
Amplop Kosong
Pesen Sapatu
Hayam Adu
Teluh
Nanyaan
Wirid
Oleh-Oleh Ti Kang Ibing
Oleh-Oleh Ti Kuningan
Oleh-Oleh Ti Masjid Abdul Wahid (Cabe Jeung Bonteng)
Oleh-Oleh Ti Pangaosan (Tukang Cendol)
Anu Dipikaijid kunu jadi Pamajikan
Dadaha geus jadi Pasar
Lalampahan Nemonan Kanu Ngawinkeun
Jabrig
Rampog jeung Preman
---------------------------------
Yahoo! Movies - Search movie info and celeb profiles and photos.