Ngaos carita ieu, palebah ngaroko dina angkot, kuring kaemutan... seueur pisan jalmi anu teu malire kana kapentingan batur. pan dina angkot teh puguh heurin jeung eungap. Sebel pisan mun dina angkot aya nu ngaroko... Bener kitu Pa , sina turun weh penumpang kitu mah...
----- Original Message ---- From: Asa Wawuh <[EMAIL PROTECTED]> To: us <[email protected]> Sent: Monday, July 2, 2007 6:02:21 PM Subject: [Urang Sunda] [dongeng] Si Riweuh Si Riweuh Riweuh teh ngaran landian pedah sapopoena riweuh jeung riweuh wae, utamana mah sok ngaririweuh batur, jadi we katelah Si Riweuh. Geus teu bireuk deui mun rek nganjang ka si Riweuh mah cukup nanyakeun kanu ngaliwat oge arapaleun. Enya kituna mah alabatan selebritis kakoncara na mah. Pasosore pas si Jago kongkorongok, Si Riweuh ngagurinjal hudang tina dipan, terus gigisik miceunan cileuh anu rapet keneh kana bulu mata. ret kana jam anu ngadaplok na tembok, "halah geuningan masih isuk keneh, teu salah kitu si jago kongkorongok jam 4 janari" gerendeng si Riweuh bari tuluy gedebug deui ngarengkol ngeukeupan bantal anu geus bau dahdir. Aya kana lima menitan mah ti saprak nempoan jam, diburuan geus recet ku sora barudak leutik anu keur arulin. "Duh..ngaganggu pisan barudak teh." gerendeng Si Riweuh bari tuluy mubuskeun sirahna kana bantal, tidituna mah ngarah teu kagandengan. Tapi da angger we sora budak leutik anu ting jarerit mah jentre kadengena. "Huuh..dasar bebenyit teu apal kitu aing keur sare..?" Kuniang hudang, serelek mukakeun hordeng....bray cahaya layung asup ka kamer. "Haaaaah..geuning geus beurang..aduh aing kabeurangan digawe." Lung sarung dialungkeun ka pojok, gap kana anduk beretek si Riweuh lumpat leutik muru jamban. Ret ngareret kana kulah..."Beu. .kosong caina.." Geret..geret. .manehna nimbaan cai...karek oge meunang dua ember pluk anduk kumelna anu dibeulitkeun na beuheungna murag kana sumur. "Si kehed teh..keur rusuh teh kalahka murag deuih...." gurutu si Riweuh bari noongan kana sumur anu sakitu jerona. "Kapaksa mun carana kieu mah kudu mandi ala koboy yeuh" Clom curukna dianclomkeun kana cai na kulah tuluy digesek-gesek kana panona miceunan sisa-sisa cileuh anu masih keneh narangkod na bulu mata. Tuluy rambutna dikopyok make cai saeutik, ngarah rada baseuh jadi gampang mun disisiran. Gap kana sikat..ret kana odol...hemmm beak odol teh, ah bae teu make odol oge..tuluy we nyikat huntu. Beres nyikat huntu...beretek lumpat ka enggon, gap nyokot baju saragam gawe, terus diambeuan... hmmmm bau kesang, tuluy rurat-reret neangan parfum. Aeh..enya kapanan aing mah teu boga minyak seungit, ret ka tengah imah, tah geuning aya wedak bayi nu saha atuh, keun we lah lumayan ubar bau kesang. Jigana nu anakna Ceu Erum katinggaleun basa barudakna ulin ka imah. Beres dangdan tuluy disapatu..bray mukakeun panto, jeklek panto dikonci. Diburuan imah geus rame ku barudak leutik keur arulin, aya oge ibu-ibu, teu katinggaleun Bi Erum rangda anyar anak dua, oge keur ngasuh budakna. Tuluy we si Riweuh teh heheotan bari ngagandeuang, teu euleum-euleum ngaheotna teh dilagukeun, enya laguna teh lagu jadikan aku yang kedua tea. "Aduh..Kang Riweuh meni tos saged kitu, bade kamana kitu Kang ?" tanya Bi Erum bari kucap-kiceup bangun nu hayang ditaksir. "Ah..biasa dines..Ceu.. " tembal si Riweuh bari tuluy nyawel gado budak Bi Erum anu bungsu. "Maksad teh damel Kang ? naha geuningan wayah kieu ?" tanya Bi erum bari kerung "Namina oge bisnismen Ceu..janten kedah enjing-enjing angkat teh, upami telat saalit we rejeki tos dipacok hayam." tembal si Riweuh bari nyerengeh seuri "Tapi ayeuna mah kapanan tos sonten Kang." saur Bi Erum tambah heran "Ari kitu tabuh sabaraha ieu ?" tembal si Riweuh bangun reuwas "Heuheuy deudeuh, ayeuna mah tos jam lima sonten atuh." tembal Bi Erum bari nyeukeukeuk seuri "Haaahh jam lima ? wah Ceu punten rusuh yeuh janten kasiangan." tembal si Riweuh bari ngaberetek lumpat muru angkot. Ari Bi Erum ditinggalkeun kitu teh bati olohok ngembang kadu, naha sore kieu jadi kabeurangan ? ah teu ngarti kuring mah. Dijero angkot si Riweuh ngahuleng, bingung kamana aing ayeuna ka kantor geus tutup, balik deui era ku Ceu Erum. Kusiwel siRiweuh ngaluarkeun roko tina sakuna tuluy cekres-cekres diseungeut. Sabot keur nyeungeut roko panumpang nu sejen pada marelong ka si Riweuh. "Hemmm kieu yeuh ari selebritis udud teh, pada marelong." gerendeng si Riweuh bari mesem Karek oge meunang dua kenyot udud teh, ti lebah juru aya nini-nini batuk teu eureun-eureun, atuda heueuh haseup udud si Riweuh tamplok kabeh ka si Nini. "Kiriiiiiiiiii. .Pir....! " corowok bapa-bapa anu dedegana jangkung badag, leungeuna digeulang bahar. Reg angkot eureun, "Mangga saha tadi nu bade liren palih dieu?" tanya supir angkot. "Turun..siah. ..didieu. .!" corowok si Bapa anu jangkung badag bari molotot ka Si Riweuh "Naha Kang da kuring mah moal turun didieu, barina oge didieu mah kuburan." tembal si Riweuh semu sieun. Ari panumpang nu sejen jempling teu lemek teu nyarek, ngan sora batuk si Nini we nu ngehkeh teu eureun-eureun, da di emposan ku udud si Riweuh. "Erek turun moal siah....!" cek si Bapa jangkung badag bari meureupkeun leungeun "Bade..bade Kang.." tembal si Riweuh bari ngolesed tina jok mobil. "Tapi pedah naon kuring diturunkeun didieu ?" tanya Si Riweuh "Naha siah teh belegug teh diingu...tah akibat haseup udud maneh Nini aing batukna kanceuh.!" tembal si Bapa Jangkung badag bari nyurungkeun tonggong si Riweuh kaluar tina angkot. "Hemmm....nasib- nasib..." gerendeng si Riweuh bari miceun kuntung kana solokan. Tamat Ditulis ku: Kebo Hideung - Kawalu Tasikmalaya Real people. Real questions. Real answers. Share what you know. <!-- #ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;} #ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;} #ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, sans-serif;} #ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;} #ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;} #ygrp-text{ font-family:Georgia; } #ygrp-text p{ margin:0 0 1em 0;} #ygrp-tpmsgs{ font-family:Arial; clear:both;} #ygrp-vitnav{ padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;} #ygrp-vitnav a{ padding:0 1px;} #ygrp-actbar{ clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;} #ygrp-actbar .left{ float:left;white-space:nowrap;} .bld{font-weight:bold;} #ygrp-grft{ font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;} #ygrp-ft{ font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666; padding:5px 0; } #ygrp-mlmsg #logo{ padding-bottom:10px;} #ygrp-vital{ background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;} #ygrp-vital #vithd{ font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;} #ygrp-vital ul{ padding:0;margin:2px 0;} #ygrp-vital ul li{ list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee; } #ygrp-vital ul li .ct{ font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;} #ygrp-vital ul li .cat{ font-weight:bold;} #ygrp-vital a { text-decoration:none;} #ygrp-vital a:hover{ text-decoration:underline;} #ygrp-sponsor #hd{ color:#999;font-size:77%;} #ygrp-sponsor #ov{ padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;} #ygrp-sponsor #ov ul{ padding:0 0 0 8px;margin:0;} #ygrp-sponsor #ov li{ list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;} #ygrp-sponsor #ov li a{ text-decoration:none;font-size:130%;} #ygrp-sponsor #nc { background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;} #ygrp-sponsor .ad{ padding:8px 0;} #ygrp-sponsor .ad #hd1{ font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;} #ygrp-sponsor .ad a{ text-decoration:none;} #ygrp-sponsor .ad a:hover{ text-decoration:underline;} #ygrp-sponsor .ad p{ margin:0;} o {font-size:0;} .MsoNormal { margin:0 0 0 0;} #ygrp-text tt{ font-size:120%;} blockquote{margin:0 0 0 4px;} .replbq {margin:4;} --> ____________________________________________________________________________________ Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today! http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7

