Nuhun pedaranana Kang Deni, pami kitu mah sami sareng Kang Santosa nyaeta nyindiran Walanda nu eleh perang. Aeh, muhun Abdi ge nembe emut, waktos di SMP guru PSPB nerangkeun yen seueur lalaguan nu sindir sampir ka Walanda keok tea, kalebet Trang Trang Kolentrang. Ngan eta palebah bulu kelek heheotan*hahaha*kacipta switswiwwww*
Teras eta nyeh prot nyeh prot*ngajampe nyiduh prot prot prot*heuheu* Emut, waktos pun Bapa ngantunkeun, abdi ngiring jajap ka makam. Teu kiat ningali anjeuna dikurebkeun, ngadon kapiuhan, untung weh aya nu nyanggap ti pengker. Jalmi nu araya geumpeur ningali abdi kapiuhan. Kaleresan didinya aya sepuh nu sok ngadu'a, anjeuna nyuhunkeun cai herang, dileueut, dikekemu, teras diburakeun/disebrotkeun ka raray abdi*.atuh puguh weeee*langsung gugah da reuwas bari baraseuh tea, moal-moal deui ah kapiuhan...ji-Jayyyyy! ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 07/01/07 10:26AM >>> Upami teu lepat mah aya sabaris deui janten kieu > Trang-trang kolentrang > Si londok paeh nundutan > Tikusruk kana durukan > Mesat gobang kabuyutan > > Nyeh prot nyeh nyeh prot > > Bulu kelek heheotan! > Ieu lagu lain keur kaulinan tapi minangka jampe jampe anu bisa dilagukeun, upami teu lepat jampe keur ngeureunkeun hujan. Nu ngarana basa jampe, memang basana sok teu puguh, kadang kadang eusina ngan sabaris sesana sampiran. Lagu ieu eusina ngan baris kahiji wungkul trang trang kolentrang, minangka sora kohkol atawa naon bae nu ditakol, keur ngeureunkeun hujan, kapercayaan animisme. Tilu baris saterusna sampiran, eusina ukur sindiran, sesuai jeung kayaan harita jaman dijajah walanda. Sigana ieu teh keur nyindir Walanda nu eleh perang, tipayun tos dicarioskeun. Kunaon teu aya hubungan kalimat, kedah naros ka pengarang, ngan jelas baris pamungkas murwakanti jeung baris baris saacana, ditungtungan ku "an", Ngan ceuk sim kuring mah kaci teu aya hubungan oge, da ngarana ge sampiran, janten didieu aya dua sindiran. > Tambahan nyeh prot nyeh nyeh prot, sigana nu ngajampe nyiduh prot prot prot ... ngarah jampena dikobul. > Saterusna jampe jampe ieu dijadikeun nyanyian biasa, Ngan sakaterang sim kuring mah asa teu aya kaulinan murangkalih nu make lagi

