Hatur nuhun Mang... jadi asin...eh isin. Kamari pisan abdi nampa surat ti pengurus DKM anu ngokolakeun pabukon oge surat ti Kuwu anu nuhunkeun bantosan keur mayaran sakola barudak nu teu marampuh tea. Ke ku abdi di scan heula, teras ke ku abdi baris dikintunkeun ka Mang Je. Tidituna mah meh resmi jigana.
-dul- --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Laporan pabukon > Ayeuna nuju nyicil meseran buku2 kanggo pabukon Kuningan di lemburna kang > Ndoel tea. Ka kang Ndoel, ukeun alamatna, ke upami tos tilu opat kardus > dikintun via pos ka kuningan, ari kang Ndoel Teja teu tiasa ngangkut bari > ngalongok lembur mah :) > > > Calon pabukon Sumedang nu enggal, SD Cikareo Wado, tempat ceu Roro Rohmah > kapungkur sakola, bade dikintun sakardus buku carita daerah. Teras kanggo > lembur ambuna Bagja di Ciawi tasik aya sakardus deui, buku2 pertanian. Ke > dikintun via tiki ka jatinangor. > > Ka baraya nu rumaos janten kontak person atawa nu kantos jadi seksi ingkig > pabukon dimana bae, tiasa usul kanggo nambih pabukon nu tos aya. Insya Alloh > bade ditambihan. > > Sakitu heula >

