"Perkara minyak ka investor asing? hehehehe .... sakapeung mah kuring oge
sok sedih. Leutak Lapindo ngaburial akibat dieksplorasi minyak ku pausahaan
investor dalam negeri. Naha nya ari eksplorasi ku pausahaan asing mah, asa
teu kadenge aya kajadian luar biasa model kieu? Cik punten ah pangjawabkeun
....."



walah.. jadi daria yeuh..
ngacapruk deui ah....

salah sahiji kakuatan nu kacida gedena pikeun ngabentuk opini nyaeta 'media
massa', boh koran atawa tipi.
anu disorot masalah lapindo, tapi freeport tibaheula tiis wae, sakitu mang
amien hohoak ti belasan taun katukang tepi ka nagri deungeun, alhamdulillah
geuning ku tipi jeung koran lokal mah teu ieuh diekspos.. sabaraha nagara
kacolongan, sabaraha warga papua nu dirugikeun, teu ieuh aya nu malire.
Atawa pedah freeport lain di Jawa? jadi dianggapna teu 'luar biasa', biase
aje tuh...

Lain kuring melaan lapindo, malah ijid pisan ka pingpinanana nu teu tanggung
jawab, komo deui tepi ka dibeking ku pangawasa.. duka upami anjeunna oge
ngiringan mah.. hutang budi panginten..
Ngan lamun rek ngamasalahkeun kualitas urang endonesya, naha geuning urang
kalahka pesimis? karunya atuh akang2 & teteh2 nu palalinter tepi ka teu
dipercaya ku nagara sorangan, gara2 lapindo??? deudeuh, eta meureun alesan
lolobana nu palalinter ti nagri urang leuwih percaya jeung leuwih dipercaya
ku nagri deungeun (cenah aya 150 urang Geoscience & insinyur indonesia gawe
di Kuala Lumpur, di Petronas loba GE urang Indonesia, acan di nagara2 lian
samodel di timur tengah.. urang kusnet ge aya meureun).  Jadi sabenerna mah
urang indonesia ge palalinter, tinggal 'kapercayaan' ti pamarentah (da
maranehna ge embung ari digajih leutik mah..).
Masalah dana?
Urang teu percaya lamun nagara teu boga duit!
buktina di lampung wae geus rek aya penerimaan PNS tepi ka 2000-an urang nu
diusulkeun ka depdagri, acan di propinsi lianna.  Padahal nu katempo ku
kuring di kantor pamarentahan mah lolobana 'ngalanggur', kaasup di
departemen tenaga kerja sorangan pagaweanana teh lolobana 'survey' ka unggal
kantor, nanya2 UMP, wajib lapor, jsb. nu ahir2na menta 'uang jalan'.
Geuleuh!
PNS rek ditambahan deui, berarti loba duit meureun tah nagara teh.. sabaraha
tah waragadna keur ngagajih PNS wungkul?
Atawa duit nagara mah hususon keur mayar aparat nagara? Sabaraha anggaran
APBN keur mayar gajih PNS sataun?

Sareng deui, sanes lapindo wungkul anu digarap ku urang indonesia (swasta),
sateuacanna Blok Cepu oge kantos dieksplorasi ku HUMPUSS (sanajan 'kroni'-na
pangawasa, tapi sakedikna 'bangga' aya budak nagri sorangan nu wani
eksplorasi).  Nanging kujalaran nasibna teu siga lapindo, ahirna ieu lahan
dilirik ku nagri deungeun, ujug2 jadi PSC (Production Sharing Contract)..
tug dugi ka ayeuna dugi ka diperpanjang, angger dikeukeuweuk ku nagri
deungeun.. damang? padahal mah nu namina PSC, di ahir kontrak kedahna
dipasihkeun ka 'host'-na, indonesia, naha bet malah diperpanjang? lieur.
Jigana mah lamun lapindo teu kabelejog ku leutak, nasibna oge teu tebih
jeung cepu..

Hubunganana jeung Amerika? mangga we pilari..
Sumuhun, produk amerika pabalatak di dieu, ti mimiti sabun, odol, dugi ka
operating system, sadayana ti amrik.
Nyaeta totonden penjajahan ekonomina berhasil.  Cenah pagawena ge ti urang2
keneh, nya puguh atuh.. ti jaman dijajah walanda oge nu jadi buruh mah tetep
we urang... saha jaman harita nu embung gawe ka walanda? da lamun di jajah
ku portugis ge meureun nu pabalatak nya pausahaan portugis.  Kitu deui lamun
dijajah ku garut.. heuheu..

Pesimis ka pamingpin? puguh, da urang mah teu miluan milih.. hehehe..
Bade teu pesimis kumaha, pami anjeunna speaks of America in glowing terms.
"I love the United States, with all its faults. I consider it my second
country."
Sumberna ti International Herald Tribune, piraku bohong mah.. tapi moal aya
di media lokal mah.. biasa..

Jadi rek salah kumaha oge, tetep love the united states.. nya juragan?


Ah.. namina ge ngacapruk!


iwan
love the US (urang sunda)


Kirim email ke