heuheuheuheu...

tapi da sagala hal oge teu tiasa disebatkeun si anu ti daerah eta, modelna
kitu kieu. tapi mulang ka pribadina sewang sewangan, ceuk cenah US mah
elodan, ogoan, teu wani jauh ti indung.. buktina geuningan US sumebar dimana
mana..

meun teu lepatmah kantos ku Ua Sas diulas tah perkawis mitos Sunda - Jawa
sareng Sumedang - Garut, sareng tos ditangkodkeun di ramatloka na Kusnet.

heup.. ah.. mendingan jadi penonton deui.. :p


On 7/5/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Heheh…"Berhasil!..Berhasil!" saur si Dora tea mah, ngadamel panasaran
Kang Ule, kunaon blasteran Garut-Sumedang?

Saleresnamah sanes pedah pun bapak teureuh Garut, pun biang ti Sumedang,
tapi abdi janten gaduh dua Bupati (Raja Alit saur MJ mah…) duanana katoel ku
KPK, Sumedang mah teu buktos…Garut mah teu acan buktos. Tapi ketang usum,
KPK teh nuju "panen" ayeunamah… Kamari rai patuangan (angger, kagok nyebat
"adi beuteung" teh) abdi, ngangluh yen dununganana Bupati Magetan asup
panjara…hag siah?!

Nu anehna deui, seueur jalmi nu parebut hoyong janten Bupati/Gupernur?
Padahal kiwari mah tos katoong pangsiun leosna teh dipanjara, syukur-syukur
pami lolos… teu buktos nga emam artos, permios...ujug-ujug hos... heheh.
Matak abdi mah alim janten Bupati/Gupernur teh…(Ih, ni GR saha nu bade
milih nya? heuheu…) sanaos dipasihan 1M ge, ke heula anan!…pami 2 M mah,
mangga teh teuing heheh…

Perkawis jatukrami antawis urang Sumedang-Garut mah atanapi teras ka
pakidulan kayaning Tasik & Ciamis, abdi ge kantos ngadangu, "pamali". Sanes
kunanaon, "tebih" ceunah, nu caket ge seueur keneh heheh…

Tos ah, ngacaprux…
ro2


.



Kirim email ke