Nyuu pokabulari dina danget ieu......!
1.
PAHUGI,
MAHUGI
a.
Méré duit
atawa barang ka kabogoh (lalaki ka awéwé)
2. PAMAHUGI
a.
Barang
atawa duit nu dipaké mahugi
3. PANCUH
a. Awi atawa
kai sateukteuk dicecebkeun pikeun nyangcang sasatoan, parahu jsté. Pantes,
tegep, bisa maké
4. PAIR
a.
Cing pang mairankeun
téko, nyai ! ( pang nyicikeun)
b. Matak teu mairan ogé,
kuring mah teu ngarti kana duduk perkara anu dicaritakeunana. (milu nyarita
kanu keur gunem catur) gunem catur = ngomong silitempas, badami
c. Horéam rék mairan téh,
tuda anu ngibingna giliran Juragan Wadana. (ngasongkeun inuman bari ngigel kanu
keur kagiliran maké sodér dina nayuban)
5.
PALÉNGPÉNG
a.
Malédog
atawa nénggor ku barang rada panjang.
b.
Dikumahakeun
ieu anak hayam nepi ka méjrél ? Dipaléngpéng ku halu, ceuk jang Emod
bari ngaléos ! (malédog atawa nénggor ku barang rada panjang)
6.
PANGPÉNG
a.
Mun pangpéng
embé anu harita ngaranjah kebon téh tuman ! (balédog)
b.
Béjana Kai
Emod téh ayeuna ditugaskeun di Majaléngka. Atuh teu béda mangpéngkeun
kuya ka leuwi. (mulangkeun jalma ka lemburna)
7.
PAROK
a. Ari Jang Ewon sok teu parok
jeung batur, piraku aya kandang embé rék maké téhel.(sarua, umum)
b. Karunya ka Kang Duyéh téh, sakitu geus marok-marokkeun manéh,
angger waé tara diondang lamun aya gempungan di désa téh. (nyaruakeun
manéh jeung nu harkatna saluhureun, lantaran
hayang ka aku) (gempungan = rapat, sidang)
8.
PENCRONG
a.
Merong,
nénjo lila bangun aya maksud kurang hadé.
9.
PÉSAK
a.
Ari manéh
sok ngaco, piraku aya sarung maké pésak. (saku)
b. Pokona
sakur rusiah Bapa Kapala mah ku kuring geus kapésakan. (geus
enya-enya nyaho)
10. PEUNGGAS
a.
Montong
ditaékan ku tujuhan tangkal jambu téh, bisi peunggas geura !
(potong)
b. Pantes rék bingung, tuda
manéhna téh keur peunggas rancatan. (béak modal (nudagang), atawa
ditinggalkeun maot kunu dipaké andelan)
c.
Tong peunggas
harepan, anggap wé éta mah cocoba ti Gusti. (béak harepan, putus asa)
11. PONTÉNG
a. Tambahan
deui atuh béasna, pan itu timbanganana ogé monténg kénéh. (déngdék
, teu matang)
b.
Ulah sina monténg
ka dieu cai téh, bisi balongna limpas. (jalan cai)
c.
Ponténgkeun caina ngarah téréh saat
balong téh ! (jalan cai (ngabedahkeun)
d. Kéna-kéna
kanu keur butuh, ka kuring téh mani moponténg. (nawar barang
kacida murahna)
e. Ari jadi
pamingpin mah ulah cueut kanu hideung ponténg kanu konéng atuh.
(pilih kasih)
12.
SASALAD
a.
Kasakit nu
babari tépa sarta gancang narékab kamana-mana.
13.
SASAR
a. Bakat ku
nyebrét panas, anu gering téh mindeng sasar. (ngomong bari teu
éling lantaran gering ripuh)
b. Kuring mah
ari lila teuing catur téh sok tepi ka kasasarkeun.(perkara anu
geus kalampahkeun)
c. Naha hirup téh bet sasar,
kawas nu teu boga agama waé euy ! (poho kana bebeneran)
d. Kudu asak sasar
milih piminantueun téh, ulah ukur nénjo rajakayana wungkul.(henteu ujug-ujug
percya tapi dipapay heula)
14.
SAWALA
a.
Débat,
padu, parebut bebeneran ku carita, diskusi
b.
Ahmad
Deedat salah sahiji jalma ahli sawala dina masalah agama.
15.
SILALATU
a. Basa pasar keur kahuruan, silalatuna
rabeng tepi kadieu. (ruhak barang nu harampang kabawa ku hawa panas, mun geus
pareum rupana bodas kawas huis)
b. Sakitu tos
nincak 50 taun, tapi dina mastaka Kang Suhéb teu acan aya silalatu
hiji-hiji acan. (huis)
c.
Silalatu
Sagara Kidul mah dongéng di radio RKM.
16.
SUNGSI
a.
Néangan
katerangan
17.
TÉTÉLO
a. Naha hayam téh maruyung, sugan
ku tétélo ! (ngaran kasakit hayam nu gancang pisan tépana. Ceuk
tahayul aya jurigna)
b.
Cing atuh
ari jelema cekékkeun tétélo mah ulah sina nganjang kadieu !
(kecap ka jelema nu kacida pikacuaeunana)
18.
TIHOTHAT
a.
Digawé
kacida ripuhna bari rurusuhan, lantaran diburu-buru waktu.
19.
TINGGANG
a. Jambu ninggang
kana kenténg, untung teu peupeus ! (rag-rag kana barang nu aya dihandapeunana)
b. Dasar jelema kurang saeundan,
dipapatahan téh kalah rék ninggang. (nonjok)
c. Ninggang bulan Oktober Lebaran ayeuna
mah. (meneran)
d. Kancra Pa Lebé ngambang ditinggang
ku jang Emod. (dibaledog)
e. Cunduk waktu ninggang
mangsa (babasan = geus waktuna ?)
20.
TOTOS
a.
Paingan
kompor téh gancang béak lantungna, da totos geuning ! (kohok,
bocor)
b.
Karunya
budak téh, geulis-geulis bet notosan. (congé)
21.
TUMPUR
a.
Hayam anu
sakitu lobana téh tumpur, basa keur usum sasalad tétélo. (paéh
kabeh)
b.
Urang
Pajajaran kajeun tutumpuran jeung tibatan ngagugu ka Gajah Mada
mah. (perang campuh bari teu niat nyésakeun balad lamun éléh)
c. Waktu gunung Rakata bitu,
pangeusi lembur dieu loba anu tumpur ludes. (tumpur pisan turunan
jeung harta banda teu nyésa saeutik-eutik acan.)
Cag... heula
Emod,
Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
________________________________________________________
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
http://id.yahoo.com/