dina sholat teu dikengingkeun bergerak( jalan-jalan) komo bari ngahaja nyandak qur'an mah tangtosna ge sholatna teu sampurna, anu diwenangkeun bergerak dina sholat ukur pikeun gerakan sholat atanapi nyingkahkeun hal-hal anu ngahlangan dina sholat (mis: aya budak nghalangan, aya sato anu matak nyilakakeun jrrd) eta oge gerakna teu kenging bari nyoara. bacaan susuratan dina sholat mah sakamampuh nu ku urang mampu ulah maksakeun. teras ngamamum kanu sanes muhrim dina sholat tiasa alias diwenangkeun, mis ; sholat berjama'ah di mushola kantor sareng sasama karyawati nu aya di kantor malah sae pisan.
sakitu sakaterang sim abdi mah punten bilkih aya nu lepat atanapi kirang merenah, nuhun. "kkbm'69" On 7/5/07, Taufiq Abdussalam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiringan ah abdi ge…. Abdi ge salami ieu pami berjamaah teh kitu, ditepak we nu tos ti payun supados janten imam teras tara pernah berjamaah berantai… Memang salami ieu teu acan mendakan hadits perkawis berjamaah berantai kitu… baraya manawi aya haditsna? Abdi gaduh patarosan perkawis : 1. Imam pami disambil ngaos Qur'an kenging henteu..? (imam bergerak nyandak Qur'an teras tos rengse di simpen deui) 2. Pami sanes muhrim kenging henteu jadi ma'mum…? Hatur nuhun Taufiq

