Tah kakara ngadangu yeuh sustakal, sakalian kuring rek nanyakeun cenah lamun susu naek, beha mah turun ? naha bener eta teh? malah sabalikna cenah mun susu turun kalahka beha nu naek ? kumaha kang yul isu eta teh valid ?
--- In [email protected], "Yuliadi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Masih aya anu teu acan naek namung tianggalna tos awis, SUSTAKAL > > -----Original Message----- > From: Lia Mulyawati [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: Thursday, July 05, 2007 10:27 AM > To: [email protected] > Subject: Re: [Urang Sunda] Alhamdulillah...susu naek > > Leres Kang...Alhamdulillah pisan atuh Kang ari masih > tiasa keneh kapeser Susu Chil Mil Platinum-mah > (hargina pan lumayan awis eta-mah) > > abdi-mah hawatos ka murangkalih balita nu sepuhna teu > mampuheun meser susu, janten susu-na teh di gantos ku > cai tajin (ningali na berita di TV) > emh...Subhanallah.... > > Salam, > Lia > > > > > Susu orok naek? duka tah teu merhatikeun karek beja > > ti koran. kamari meuli > > chil mil platinum sakaleng. duka geus undak duka > > acan, ongkoh da tara > > ngilikan hargana, nu penting susuna cocog jeung > > pesenan indung budak. > > budakna anteng wareg seubeuh cageur bae teu bageur > > ge da karek 9 bulan, > > kekur diajar ngorondang jeung keur usum sagala > > dihuapkeun. deudeuh > > anaking, du'akeun bapa jeung indung hideup sing bisa > > ngurus anjeun duaan. > > > > perkawis pangaos susu nerekel, mangga we naek, sok > > we sing jongjon naek. > > da moal rek eureun meuli. moal teu maksa rek meuli. > > dina keur kutudna, > > susu orok beak di imah, rek nginjem duit ka unggal > > jelema. rumasa boga > > balita. baheula kolot ngurus kuring bebeakan > > toh-tohan, ayeuna kuring rek > > kitu ka nu jadi budak. keur diajar jadi bapa, embung > > anak kalaparan. > > peupeuriheun ASI indungna teu kapake da teu hade. > > pirage soal harga naek. > > keun we hirup miskin mah da ngan soal jumlah. boga > > hutang mah tanda hirup > > cenah. boroning harta, nyawa oge rek dibikeun demi > > anak. > > > > anaking jimat awaking..kong! > > > > > > > > mj > > > > http://geocities.com/mangjamal <http://geocities.com/mangjamal> > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________________________________ > Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who > knows. Yahoo! Answers - Check it out. > http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545469 > <http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545469> >

