Maca Urang Sunda tina 3 buku. Buku didieu lain buku curuk atawa buku awi, tapi enyaan buku, buku: 1. Pandangan hidup orang Sunda seperti tercermin dalam tradisi lisan dan sastra Sunda/Suwarsih Warnaen saparakanca, didieu mah digambarkeun urang Sunda teh boga falsafah hirup nu alus pisan, ngawengku hubungan manusa jeung manusa, manusa jeung alam, manusa jeung Pencipta (Tuhan Yang Maha Esa).(Buku ieu aya 3 buku diwangun hasil panlungtikan tahap I (1987), tahap II (1987) jeung tahap III(1988)). 2. Manusia Sunda/Ajip Rosidi (1985). Teu nyebutkeun alus atawa gorengna, ngan ngagambarkeun hasil paniten dina Sastra buhun ( kayaning Sangkurinag, Mundinglaya), terus nyambung kana paniten dina Sastra Anyar (Mantri Jero, Sikabayan, Karnadi, Purnama Alam, Dewi Pramanik, Ratna Suminar), disambung ku inohong sajarah nyaeta Dewi Sartika, Dipati Ukur, Pangeran Kornel,Ki Tapa, Hasan Mustapa. 3. Prosiding KIBS (2006) jilid ka 2 dina makalah Herman Suwandi anu judulna Etos Kerja Urang Sunda, didieu disebutkeun etos kerja urang Sunda teh butut pisan, nyaeta : a.Teu aya orientasi kahareupna, b. Teu aya growth philosophy, c. Elehan (cepat menyerah), d.Berpaling ke akhirat kulantaran teu sukses didunya, e.Lamban atau inertia. (hampura direumbeuy ku basa Indonesia, ambih teu salah ngahartikeun).
Nu rada helok teh naha geuning antara buku ka 1 (falsafah hirup alus pisan) jeung ka 3 (etos kerja butut pisan), asa patukang tonggong tah, naha...?, keun ari buku anu ka 2 mah, eta mah keur babandingan. Tah palebah naha ieu nu keur rada ditelek-telek teh. Manawi aya baraya nu kantos nelek-nelek hal ieu, cik wartosan sim kuring. Hatur nuhun. MSasmita

