Pangalaman karek lulus sakola (kapaksa kudu ditulis s-1 pikeun ngabedakeun) taun 1994. mulang ka lembur. Aya sarupaning tokoh desa panggih di jalan kampung. Apaleun kuring geus lulus sakola. Ngobrol kaayaan lembur kaasup kuwu nu rek ganti da geus beak waktuna. Nempo kuring manehna siga nu manggih ideu. "daek jadi kuwu?" Kuring puguh kaget. Nyerengeh we. "mun daek, ke kuring diatur sagalana. Gampanglah. Warga desa pasti milih. Nilik dedeg pangadeg mah, teu kurang. Incu ajengan jeung lulusan itb,"cenah ngarayu. "jaba pan masih keneh kulawarga nu jaradi kuwu. Menak desa." Kuring ngan keom. Kaget jeung asa lucu, aya nu nawaran jadi kuwu. "daek nya?" Tapi, kabayang kudu rapat ka kacamatan, kudu daek jadi anak buah camat (nu lulusan stpdn atawa ipdn). Meureun kudu make baju safari sagala. haha Antukna, "Alim, mang, ah!" Si emang ngan ukur milu nyerengeh. Duka naon maksudna. jabatan kuwu di desa kuring mah asana dalapan taun. Duka ayeuna.

