>"Tata Noers" <[EMAIL PROTECTED]> > Sabenerna mah lain teu hayang nurutkeun hukum islam > atawa anu kacutat dina alquran > Tapi nya da manusa tea, lolobana mah , hukum anu > nurutkeun agama hade, di putat pitet pikeun ka > pentingan pribadi/golongan.
Ah Kang Tata, ari kuring mah geus alhamduillah ku Indonesia teh, sanajan disebut "nagara jahiliyah" oge. Ayeuna mah Kang Tata (lamun teu lepat kang Tata aya di LN), di lembur teh jalma-jalma papada wani nyarios naon kahayangna jeung naon kakeselna. Atuh informasi ayeuna mah teu ditutup-tutup. Pulisi nembak Abu Duljana dihareupeun anakna, wartana nyebar, teu aya nu nutup-nutup. Kateu-adilan, kagorengan ayeuna nembrak, sarerea nyaho. Alatan naon eta teh? Sababna cenah Indonesia teh nyokot jalan DEMOKRASI. Da lamun Indonesia lain nagara Demokrasi mah, bakal loba millis dibanned (internet diwatesan), bakal loba koran, TV ditutup, bakal loba jelema dipanjara gara-gara ngomong kakeselna atawa kahayangna. Pa Ustadz Ba'asyir oge pan ayeuna mah tiasa nyarios Indonesia = Jahiliyah, bari teu sieun ditewak pulisi ....... Jadi, sabenerna mah sarerea oge "diuntungkeun" ku demokrasi teh! HIDUP DEMOKRASI DI INDONESIA ...euy! Baktos, WALUYA

