Kaleresan basa dinten Jumaah ping 6 Juli 2007, ngadu bako di Cupumanik, da biasa ari dinten Jumaah sabada Jumaahan sok ngadu bako di Cupumanik, harita mah aya Pa Her Suganda wartawan Komaps manten, kasorenakeun ge aya Mang J, ngan ajengan Irfan teu hadir da saurna teh aya tugas ti Mabes (Mama Besar, sepuhna). Ngadu bako rada rame, nya obrolan teh ngaleor kana kasenian diantawisna wayang catur, tah geuning aya keneh dalang wayang catur teh sanaos tos sepuh pisan, saur Pa Her mah aya kana 90an. Namina eta dalang wayang catur teh Aki IDJA SUKMADJA, alamatna di Kampung Cibarengkok Desa Cinunuk Kecamatan Cileunyi, saurna anu terangeun bumina mah Kang Isa Perkasa (pelukis). Ka Panitia HBH 2007 anu bade ngaleler hadiah, utamina Kang Boim, ieu dalang wayang catur teh tiasa dilebetkeun nominasi. Mung kedah dipaluruh heula alamat anu jelasna. Perkawis Beluk, teu acan pendak sareng Kang Dipa, rada linghas puguh ge.
MSasmita

