Euleueh resep ngobrol sareng ahli nuklir....
Hoyong terang kumaha ari uranium? sakapeung mah sieun radiasinya. Eta sok
inget ka Marrie Currie pan maotna teh alatan ku radiasi Uranium.
Tapi resep pisan komo geus nyangkut kana reaski fisi sareng reaksi Fusi
mah....ah ngan ukur dina "imajinasi" abdi weh ....
Inget ari ulangan Kimia pas Bab Sistem Periodik kudu apal pan ngaran ngaran
jeung golonganana.
Conto Golongan Alkali (IA), singkatnana teh HAJI LINA KEMARIN RABU CONTES
PERAWAN alias (H)idrogen, (L)itium, (K)alium jrr. Oge ALkali Tanah
Nu masih emut keneh mah eta Golongan VIIA Halogen...FERRY COLORNA BARARAU
Iiyy Ateul....alias (F)lour, (Cl)or, (Br)om, (I)odium, At..
Upami golongan gas Mulia = Heboh Negara Arab karena Sexy Ranjang....alias He
(He)lium, Ne(on) jst.
Anu sok hayang seuri mah bab Hidrokarbon.....aya deret alkana, nonana, etana
jst. Ari Guru Bahasa Indonesia abdi ari naros sok norostos komo ka abdi mah,
pataraosanana teh sok kieu....manana? naona?...celetuk kurerencangan abdi
ngajawab alkana, nonana, etana jrrd.
......
Sahman
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hehe, Mike Ontohod mah nami dina e-mailna. da ari wasta resmina mah kang
Suhermanto Duliman, urang Talaga Majalengka, ageung di Purwakarta. kang
Herman ieu nu janten tokoh di rubrik Urang Sunda nu munggaran di majalah
CUPUMANIK.
dinten minggu kamari si kuring sareng bah Willy oge kang Oman Manar ka Jl.
Maribaya, nganjang ka komplek guruminda, payuneun pisan sespim polri, ka
bumina nu di Lembang. anjeuna nuju cuti sakantenan barudakna, 2, istri
pameget nuju pere sakola. (nu pameget namina Mohammad Fermi. fermi ti
enrico fermi, salah saurang tokoh kahot ahli nuklir).
jadi kamari teh aya fisikawan duaan uplek ngobrol, bah willy (itb 75
sareng kang Herman, UI 83). kuring mah inget2 we obrolanana pikeun bahan
novel. da kang Herman sareng kang Yaya Rukayadi baris dinovelkeun make
judul DONG MU (bahasa korea kanggo kawan). Gramedia tos okeh cenah.
kang Herman ieu damelna di IAEA, badan tenaga nuklir PBB. ayeuna tos
sataun di kantor cabang Tokyo. kamari mah, lima taun langkung di markas
IAEA di Wina Austria.
reaktor nuklir di Jepang mah puluhan cenah. seuseurna kanggo energi
sarupaning listrik. tah kang Herman teh damelna mariksa tiap reaktor
nuklir sareng sajabana. jadi nu ngaran uranium, dina bentuk logam, cai,
gas, jeung bubuk oge plutonium-uranium nu geus ditingkatkeun kualitasna,
geus jadi barang sapopoe kang Herman.
mj
http://geocities.com/mangjamal
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com