Ceuk pamadegan sim kuring mah, sae mun dicandak jalan tengah. PLTN hiji waktu 
jadi sumber energi nu utama, duka sabaraha puluh tauh deui kapayun. Ngarah teu 
tinggaleun ke dina mangsana kedah ngawangun PLTN. Nya tiayeuna kedah seueur 
riset nuklir. Manawi tiasa ngadamel PLTN skala laboratorium. Kumaha atuh 
kiprahna Badan Reaktor Atom nu di Taman Sari? tos dugi kamana? Aya teu wargi 
kusnet nu uninga?
   
  Atuh kaduana rist Geothermal. Indonesia beunghar pisan ku sumber geothermal. 
Ulah nungguan teknologi ti eropah. maranehna mah moal merhatikeun masalah ieu 
da teu boga sumberna. 
   
  Salam,
  Kang Santosa

jm_hndsm <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kataji ku seratan kang ontohod yeuh, 
ari panalungtikan ngeunaan plus minus na PLTN mah jelas pisan seueur
nilai nilai plus na sepertos nu di paparkeun ku kang ontohod, tapi
kade ulah kasima ku data data anu kitu kang, di dunia kiwari anu
nganggo teknologi PLTN tiasa di etang ku dua tengen, eta oge
ngabutuhkeun prasarana jeung dukungan bebeakan ti nagarana masing 2.

china anu tos gaduh teknologi nuklir satebih anu abdi terang masih
bikin DAM, teu nganggo PLTN kanggo kebutuhan energina. 
kitu oge korea selatan anu terkenal disiplin jeung di dukung amerika,
oge pakistan, hal tersebut menunjukan ( tah geus mengkol mamalayuan
yeuh )resiko anu ditanggung langkung ageung ti batan hasil anu di
dapat saheunteuna salami aya teknologi aman kenapa menggunakan
teknologi berbahaya.... inget tragedi bhopal hanya karena mati
listrik, treatment sampah nuklir pembuangan uni eropa di buang di
tempat khusus di norwegia di sumur batu cadas anu jerona tujuh kilo
meter di dalam tanah... 
ulah sakadar ginding kawas korea utara jeung iran... manehna mah ngan
saukur ngeleketek amerika wungkul meh gimir... 

seueur pisan kadisplinan anu diperyogikeun kanggo ngawujudkeun PLTN
di indonesia, sateuacan siap mental na abdi nyarankeun ulah waka...
sanes teu satuju ngan ulah waka ayeuna...

--- In [email protected], "ontohodm" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> AWW,
> 
> Energi alternatif memang seueur kang tapi output anu dihasilkeunana 
> aralit mung dina skala kilowatt, kurang ekonomis sareng teu 
> sustainable. Padahal nagri urang teh kiwari keur meumeujeuhna 
> ngabutuhkeuh energi anu ageung pikeun nyumponan kabutuhan RT sapopoe 
> rahayat nu mangyuta yuta supados ulah byar pet, komo deui ditambih 
> ku kabutuhan industri anu beuki deui beuki pesat. Pokokna ku 
> kacumponan energi moal sesah upami bade ngadamel sareng 
> mengembangkan industri sareng teknologi di sagala widang teh.
> 
> Kupamendak abdi danget2 ieu tos waktosna pikeun urang gaduh sareng 
> ngagunakan nuklir kanggo energi teh. Margi paling tidak listrik tina 
> nuklir mahtina hiji instalasi outputna sarebu juta watt (1000 MW)
> dugi ka 3 rebu juta watt(3000 MW). Padahal upami ngandelkeun PLTA 
> mah kudu rebuan ha ngabendung walungan..he..he. Kitu deui upami 
> ngabeleuman batubara kuda jutaan ton bari jeung haseupna pibahayaeun 
> ka lingkungan margi ngaluarkeun zat2 asam ka udara. Pan ari ku 
> nuklir paling oge sababaraha kilo bahan bakarna. Salian ti eta 
> nuklir mah kalebetna "clean energi tea" teu aya haseup teu aya 
> pencemaran lingkungan, aya eta oge sampah radioaktif tapi da teu 
> seueur sareng penanganana ayeuna mah tos langkung canggih. Dina eta 
> mah sakabeh teknologi pastina aya kauntungan sareng karugianana.
> 
> Ngeunaan SDM, ulah salempang kang, menurut kayakinan abdi ningali 
> SDM nu tos aya di urang teu aya masalah mung tinggal ditingkatkeun 
> kadisiplinana weh. Teknologi PLTN teu sesah2 teuing sih teu benten 
> ti pabrik2 biasa nu tos aya di urang. Nu sesah teh ngaleungitkeun 
> imej masyarakat urang dimana mun ngadangu nuklir teh terangna mun 
> bom nuklir nu pikasieuneun tea padahal nuklir teh teu beda ibaratna 
> sapertos pedang/peso, kumaha urang ngagunakeunana weh kanggo 
> kagorengan atanapi kanggo kamaslahatan rahayat.
> 
> Tos sakitu heula nya baraya, punten ieu mah mun pamendak abdi bae 
> sanes promosi.
> 
> WWW,
> Pun Ontohod
> nuju nyepi di lembang
> 
> --- In [email protected], Jatigede <sahman_dede@> wrote:
> >
> > Saleresna mah seueur energi alternatif geothermal, arus laut, 
> angin sareng cahaya panonpoe.
> > Sok asa panineungan ningal seueur kolecer watrna bodas anu 
> ngangunakeun energi angin, ningal sel-sel surya anu nyimpen energi 
> panonpoe di luar nagari, sanajan di tempat menahna cahaya panonpoe 
> teh pan kurang. 
> > Naha di Indonesia teu aya? 
> > 
> > Deden
> > ====================
> > 
> > PLTN hade pisan, ngan syaratna nu migawena kudu urang sunda 
> kabeh.. heuheu..
> > 
> > Teu nutup mata, mayoritas urang indonesia pesimis yen bangsa urang 
> can 
> > siap make nuklir. Lain pagawean memeh beunta eta mah, ulah 
> lalawora.
> > Hadena mah PLN dibebenah heula sing hade, sahade-hadena.
> > Jiganamah ti luhur ka handap kudu diganti ku urang sunda kabeh.... 
> hihi..
> > 
> > Cikan, nuklir ieu teh memang geus 'mendesak' kitu? teu aya 
> alternatip 
> > sanes? misalna geothermal.. aya nu ngartos dina widang ieu?
> > 
> > hatur nuhun tos dibandungan. .
> > 
> > iwan.
> > 
> > 
> > 
> > www.friendster.com/sahman
> > www.geocities.com/ex_orientelux
> > Send instant messages to your online friends 
> http://uk.messenger.yahoo.com
> >
>



         

       
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out. 

Kirim email ke