kabayang MJ handeueul aya atoh aya nya?
enya teu kudu parebut deui kawas basa jeung si cikal.. da anu kadua mah
geuningan nyerenkeun jang bapak sadaya.. heuheuheuheuheu....

On 7/9/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:



ari si kuring jeung indungna budak mah, pangna orok kadua make susu
formula teh, teu pira, susu indungna, ASI tea, teu hade kualitasna. salian
ti saeutik, oge indungna carrier teuing. tah ku dokter pories, babah di
jl. supratman nu halisna siga guruna jacky chen dina drunker master, ASI
indungna ulah dibikeun ka orok. nya kapaksa we da orok mah ngan karek asup
susu. susu formula we, sanajan lain Formula 1, da eta mah balap mobil.
heuheu

mj
.



Kirim email ke