> From: Aschev Schuraschev > Upama henteu salah, dina film mah Frankestein teh dipaehan atawa paeh > (duka kusaha hilap deui). Punten tumaros ka > abah, upami dina konteks email abah, kedah dikumahakeun tah Frankestein > teh?
Lamun teu salah ieu mangkeluk teh dipaehan deui kunu nyiptakeunana, Frankenstein. Paroho deui, maklum geus lila pisan, maca novelna teh. Tah ari artikel Pak Jakob mah leuwih keur lenyepaneun keur urang sabage urang Indonesia, lain keur "maehan" (ngabubarkeun"). Lenyepaneunna teh nyaeta jelema mah lain mesin nu bisa direkayasa (engineering) kitu wae. Jelema boga budaya nu saluyu jeung kaayaan lingkungan dimana maranehna hirup. Ku kituna lamun aya nu ngarobah ngadadak (perobahan drastis), manusa bisa kaleungitan asal usulna jeung jati dirina, siga mangkeluk ciptaan Dr. Frankenstein. Islam sumebar di Pulo-pulo Asia wetan-kidul, cenah mah ampir teu make kaheurasan (sanajan aya oge, ngan teu gede pisan). Hal ieu disababkeun nu nyebarkeun agama Islam, nyaluyukeun jeung budaya nu geus nyampak di padumukna. Jadina Islam ditarima relatif "damai". Walanda oge ngarti pisan soal ieu teh. Walanda nu niatna ukur neangan kauntungan, teu hayangan urang pribumi nurutan kalakuan (baca: budaya) maranehna. Walanda "nganteur" kumaha kahayang kaum pribumi, nu penting kaum pribumi teu ngabahayakeun kapentingan Walanda. Keur nu agama Islam, Walanda ngangkat pagawe pribumi keur ngurus urusan nu aya patalina jeung agama. Contona di tatar Sunda diangkat para Panghulu (besar) di unggal kabupaten. Para Panghulu teh, lamun teu salah, kadang-kadang sok jadi siga hakim oge, mutuskeun hiji perkara nu aya patula-patalina jeung agama. Di tempat nu mayoritasna agama Kristen, siga Minahasa, aya pejabat pribumi nu boga pangkat "Kapitan", "mayor" ...jrrd. Pangkat-pangkat sabenerna lain pangkat militer, tapi leuwih nunjukkeun yen nu boga pangkat teh pamimpin adat di tempatna. Kulantaran kitu, jarang pisan pribumi barontak langsung ka Walanda. Sanajan Perang Diponegoro kaasup perang gede di Pulo Jawa, tapi sabenerna mah dimimitian ku ka hanjelu Pangeran Diponegoro ka karaton Kasultanan di Yogya (jadi lain ka Walanda). Kitu deui Perang Paderi (Iman Bonjol) di Sumbar, nu dimimitian ku asupna faham Wahabi ka Sumbar, nu ngakibatkeun urang Minang kabeulah dua, aya nu pro adat jeung aya nu pro faham anyar ieu. Mucunghul kaributan dianatara kaum pribumi, pamerantah (Walanda) akhirna pipilueun da paureun, kapentingan walanda jadi kaganggu ..... Tapi faham/ideologi tiluar lila-lila teu bisa dibendung ku Walanda, pangpangna mah ti mimiti awal abad ka 20, dimana Walanda mimiti ngadidik urang Indonesia ku maranehna. Urang Indonesia mimiti boga pikiran 'modern", nyaho sagala ideologi/faham. Akibatna Walanda kawalahan ku urang Jajahan nu boga pikiran sariga maranehna sorangan ..... Indonesia diadegkeun, ku sumanget nu sarua, hayang ngusir Walanda ti lemah cai urang. Tah sanggeus tujuan ngusir Walanda hasil, Indonesia siga leungiteun tujuan :" Terusna rek kamana ieu teh?" Tah sigana mah ieu problemna teh , tepi ka ayeuna ....... Baktos, WALUYA

