Muhun memang kitu Teh Yanti, panyawat eta teh.
Numawi abdi mah sanaos pabukon nyalira
katambih aalitan, tetep tertib administrasi 
(duuuuhhhhh ..........meni jiga di pamarentahan)
minimal nganggo daftar peminjam buku,
pami tos kitu tangtos buku teh kedah di nomoran pan?
langkung sae deui pami dipasihan nami pabukonna
waaahhhhh jiga perpusnas (heu...heu...)
Perpustakaan NAng Sorangan (hi..hi...)
taaaaahhhhh............kitu

Sakali mangsa aya rerencangan anu nambut 
teu tanggung2 dugi ka 15 buku
margi nuju nyusun (sanes nyusun buku he...he....)
kaleresan Pimpinan pribados, 
ahhhhh eta ge dicatet we...... payuneun anjeuna
da nambutna seja ka rorompok
bari nyarios: 
Punten Pa sanes teu percanten 
tapi nu ka luar ti bumi mah kedah wawartos heula,
buku mah wawartosna teh ka buku deui.
Kumargi papada buku teu tiasa nyarita
ngan tiasa diserat, teras aranjeunanana teh teu tiasa nyerat deuih
janten ku abdi di pang nyeratkeun
kitu tah bahasana teh (lieur teu? mangga lenyepan tambih iseng heu..heu...)

Memang........ mung dicatet wungkul
dugi ka ayeuna teu acan ngawangsulkeun
abdi isin nagih... anjeuna ge isin da teu acan ngawangsulkeun (panginten 
hi...hi...)
(padahal skripsina parantos rengse, tos sidang, tos diwisuda, gelar tos 
diangge, jabatan tos naek)
Tapiiii...... minimal urang terang yen kantos gaduh buku eta...
tapi.....buku eta teh aya di si A, nuju ditambut. peun, titik, tong diteraskeun
janten dina manah teh buku eta teh tetep aya
pami aya nu naroskeun wartoskeun nuju ditambut
pami anjeuna kersa mang nagihkeun....
Alhamdulillah.....urang gaduh tukang tagih (jiga nu ngiriditkeun heu..heu..)
kitu tahhhhh, eh punten janten mamatahan, panjang deuih.

Perkawis buku Insya Allah ke di wartosan deui nya?
margi nembe di hubungi rupina nuju sibuk
Punten dikintunkeun ka milis, 
saha nu terang aya nu maos obrolan urang
teras ngartoseun
teras naroskeun alamat
teras ngintun buku
pan resep tahhhhh
Teh Yanti teu kedah bingung milari sponsor sareng milari modal nyalira
da seueur anu pulang anting di milis 
ageung pisan perhatosanana kana pabukon. 

Mangga.......
Herni


----- Pesan Asli ----
Dari: Sriyanti <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Rabu, 11 Juli, 2007 11:36:40
Topik: RE: Hal: Buku SDM tea


he.. he..
jadi tambih isin... ;p
di bumi aya perpustakaan kecil2an, tapi anu nyalira,
eusina oge teu pati seueur... asal aya wungkul...
ngan upami aya anu bade maca... nya tiasa nambut kabumi,
ngan kitu, seueur oge anu teu acan mulangkeun buku2na,
jadi tambih ngosongan....
 
kawitna teh, dulu seuseueurna teh buku majalah anak2,
tapi kulantaran aya oge anu didamel tapi peryogi buku kanggo tambih2 ilmu 
(saurna..)
nya... mulai we milarian buku2 anu serius,
buku2 anu aya ayeuna tina bidang komputer (MS office, adm, sareng anu umum),
 
rencana namah, hoyong pisan buka perpustakaan anu rada ageung,
sakantenan milarian sponsor...
tapi ke lah, ngantosan modal heula, he... pidu'ana wae nya teh....
 
Ayeuna Yanti teu tiasa langsung gabung di milis,
margi nuju di padamelan, makana nganggo auto forward ti gmail ka email 
perusahaan.
tapi insyaalloh, ke we upami jam istirahat, nyelang lah....
 
btw,
upami meser, kinten2 awis teu nya..??
maklum, seueur keneh anu kedah di kaluarkeun... he.. he..
 
kitu wae, nuhun, yanti.
 
-----Original Message-----
From: herni herningsih [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Wednesday, July 11, 2007 11:05 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Trs: Hal: Buku SDM tea





----- Pesan Diteruskan ----
Dari: herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Rabu, 11 Juli, 2007 11:01:33
Topik: Hal: Buku SDM tea


Wilujeng tepang teh Yanti.....
 
Saleresna buku teh teu ngicalan abdi mah
anu 5 teh bade dipasihkeun ka pabukon (haratis, teu kedah mayar)
etang-etang ngabagi tugas pikeun nyiarkeun elmu pangaweruh, 
sukur-sukur pami janten pinter, kitu saur MJ mah.
 
Dupi teh Yanti kagungan pabukon kanggo umum atanapi henteu?
atanapi didamel di perpustakaan Panasonik?
pami henteu, punteeeeennnn pisan abdi teu tiasa ngintun.
 
Tapiiiiii pami peryogi tiasa ke dipangnaroskeun ka nu ngarang
buku teh tos lebet ka toko buku mana wae?
Lajeng pami teu acan aya di toko buku, utamina di Batam
Insya Allah ku abdi dipangmeserkeun teras dikintunkeun
(tapi gentosan waragadna nya Teh hi....hi....)
Sukur-sukur pami nu maparin ka abdi aya keneh stok di bumina,
(komo haratis mah urang ringkid we, urang bagikeun ka nu peryogi 
heu.....heu....)
 
Teh Yanti teu kedah isin-isin lebet ka milis
Basa Sunda na sae pisan, sakitu teh anu di rantau!
geura Teh nepangan ka baraya di milis
sakantenan ayeuna nya.......??
 
Mangga dilajeng Teh Sri nepanganana
tong isin-isin, di lembur nyalira ieuh!
etang-etang nyambungkeun duduluran sareng diajar Basa Sunda
di Batam mah teu aya pan?
 
Baktos
Herni


 
----- Pesan Asli ----
Dari: Sriyanti <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Rabu, 11 Juli, 2007 10:33:01
Topik: Buku SDM tea


Punten, teteh...
 
salam kenal ti abi,
ieu yanti ti Batam.
nembe maos email anu ti teteh tea.
tapi yanti teu wantun nimbrung dina milis,
margi, selain nembean, yanti oge isin,
basa sundana riweuh... (he...he...) maklum tos lami di rantau.
 
dupi buku SDM na tea aya keneh...??
kersa teu upami ngintun ka batam...???
margi jigana mah abi teh peryogi pisan upami buku2 tentang SDM kitu.
kinten2 sabaraha, nya...???
 
itu heula
 
nuhun, yanti.





Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!





Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!


      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke