Ngadongeng heula soal Pak Jakob Sumardjo, dosen kuring di program magister desain itebe. Mere A dina kuliah filsafat seni. Lain pedah kuring ngarti naon arti filsafat seni, pedah paperna we kandel, sigana mah. Heuheu.
Haha. Enya, Pak Jakob Sumardjo sok gaduh pikiran herang. Kungsi ngabedah novel munggaran si kuring, Louisiana Louisiana (arsip aya dina web kuring geocities). Nu nulisna oge jadi bengong sorangan. Prof Jakob Sumardjo putrana Trisno Sumardjo, seniman nu wani ngeritik ka seni di ITB. Cenah senirupa di itb ngan ukur jandela ka senirupa barat. Ayeuna putrana ngawulang, luar biasa da biasana mah di STSI buah batu. Sikepna siga ramana, ngabela jeung ngahudangkeun budaya lokal nusantara. Ayeuna cenah, di senirupa itb aya dua kubu, nu pro seni barat jeung nu pro budaya lokal. Pak JS tangtu nu pro budaya lokal nusantara. Perkawis indonesia =frankeinstein, meureun harita nu ngadegkeun ieu nagara atawa penerusna asa apal adat sorangan pedah we pribumi, lain walanda. Padahal ari nu ngaran urang, loba asal-usulna, kaasup seke seler nu baroga adat suradat sorangan. Persatuan pan sok diplesetkeun jadi persatean. Nu ngadegkeun ieu nagara meureun saroleh teuing, disangkana anak incuna balageur. Nepi ka undang2 dasar oge dijieun basajan. Terus aya nu nasionalis over dosis, nepi ka sumpah pemuda diplintir di nu katilu, nu aslina mah menjunjung bahasa persatuan, bahasa indonesia, hartina marake basa nasional indonesia pikeun nyarita jeung seler sejen bari tetep ngahargaan jeung marake basa indung masing2, jadi kami berbahasa satu bahasa indonesia. Belegugismeu. Aya upaya ngahudangkeun budaya lokal. Siga MK nu ngupayakeun UUD 45 ditarjamahkeun ka basa indung (cek kang Ajip Rosidi: ulah nyebut basa daerah, tapi basa indung!). Malah pemda jabar geus nyieun peraturan soal ngembangkeun bahasa jeung tulisan sunda. Nya minimal aksara sunda kawali geus dipapantes malah dibukukeun oge kungsi ku kang Dian Tresna dikomputerkeun.

