Tadinamah abdi gaduh kahoyong ngadegkeun pabukon di Cikareo (sanes Cireo, 
boa-boa teu dugi Mang? Lepat nyeratna) kangge "cocoan" pangsiun engke. Nanging 
hanjakal teu aya nu kersaeun di lembur *da, maklum teu aya nu ngengingkeun 
urang lembur janten bumina bade diical, tos seueuer nu nawis mah urang Wado 
keneh nu bade kaeleb ku Jatigede.

Sakali deui, haturnuhun pisan Mang, mugia kasaean Emang & Teteh ditampi ku 
Allah SWT. Amin. Sareng tiasa nambihan elmu pangaweruh kangge barudak SDN 
Cikareo I. Da, kamari teh diantos-antos ku Pak Iyus saurna,"Tos nyeri beuheung 
sosonggeteun ngantosan buku ti Teh Roro". Ari saur abdi teh,"Ih, sanes ti abdi 
Pak, ieu mah kagegelan ti Urang Sunda nu aya di Internet".

ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 07/11/07 01:03PM >>>
Kamari sakardus buku dikintun ka SDN Cireo I Wado Sumedang. Ti kantor pos
maskumambang-martanegara bubat. Minangka katineung oge katresna/kanyaah
kusnet khususna ceu Roro Rohmah oge urang Wado sanesna ka barudak nu sakola
di SD eta.

Kirim email ke