Alah teh herni sanesna bungah janten bungsu teh. Leres saur ceu roro, bungsu mah di ogo sami jeung cikal. Benten pami budak panengah (jiga abi hehehe). Pernah aya nu ngistilahkeun, cenah budak panengah mah jiga nuang roti. Pangheulana dituang teh sok nu sisi2na/payunna karek tengahna...meunang pangtungtungna we...heuheuheu Namina panengah tea kudu cicingna di tengah2, sakapeung kaditu kumaha kadieu kumaha. Kaditu lanceuk kadieu adi, kaditu indung kadieu bapak....asa kadempet...hehehe
Neng Iva --- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Teh Herni si Ucu tea, > > Cup...cup...cup...susut cisocana... > Janten bungsu mah teu aya kalepatanana, da urang mah teu tiasa milih hoyong janten cikal, panengah, pangais bungsu atanapi bungsu. Sanes Biang nu lepat ngadung deuih... Teu kenging waka handeueul atuh*da teu sadaya bungsu "panyesaan", seueur da nu langkung nyongcolang ti raka-rakana. Etamah mung pamendak panalungtik. > > Komo bungsu mah raos, pami raka-rakana tos jareneng, sok dibayong- bayong sagala rupina*.pokonamah diogo we lah* Ieu mah pangalaman, pun adi nu alit keur mah bungsu, pameget hiji-hijina...ih, da damelna teh sok nampan we...meus-meus Ceu hoyong itu...Ceu hoyong ieu...heuheu* > > Ke InsyaAllah pami mendakan ngeunaan artikel bungsu, dialungkeun deui ka Bakus....nyaaa... :) > > ro2 > > >>> [EMAIL PROTECTED] 07/09/07 06:37PM >>> > > Teh Roro cikan pilari kanggo si Bungsu > asa ku teungteuingeun, manya ukur panyesaan sareng pauurutan wungkul...... > dahareun sesa lanceuk, > pakean lulungsuran ti lanceuk >

