Tapi eta ku naon Kang Robi sareng cau goreng dicacandak? karesep abdi eta teh Kang heu...heu...
----- Pesan Asli ---- Dari: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kamis, 12 Juli, 2007 5:40:16 Topik: Re: [Urang Sunda] Ngerakeun euy! Daripada kitu mah, mending pamaenna we sina nyarandak senter sewang2an... Kacipta, nya... lebah gawang mah kalah ngahaja dipoekan... ngarah musuh teu arapaleun gawangna... Kacipta deui wae... Robby Darwis nyirintil bari nyentak ka Sutiono Lamso "Halik, ku Aing...!!!" bari jekuk... bal ditajong rada nyintir satakerna... . "Ajoowwwww.. .." lebah hareupeunana aya sora nu ngagoak. Robby Darwis geuwat muru ka asal sora nu ngagoak. Ana disorot ku senter, kasampak wasit Paulina keur nyuuh bari nutupan beungeutna. "Kunaon, Juragan?" ceuk Robby Darwis. "Ai hiya heu hiha-hiha... Halha henghel hana heuheut haing heuheu..." ("Ai sia teu kira-kira... Balna nenggel kana beungeut aing, deuleu...") ceuk Paulina bari reumbeuy cipanon. Sabot ngobrol teh Robby Darwis luak lieuk, terus nanya ka Sutiono, "Ari gawang beulah mana, euy? Da basa caang mah rarasaan teh beulah dieu..!" Ana pas disorot ka lebah juru, kasampak kiper Oliver Kahn keur cacamuilan dahar cau goreng bari ngadiukan tihang gawang nu ngagoler. "Haar... na ari maneh?!! Paingan tadi ni asa bingung neangan gawang, ni euweuh kelemeng2na acan. Horeng dituar ku dia, nyah?!!" ceuk Robby Darwis semu kukulutus. "Meugeus, gandeng! Anggur geura pareuman eta senter, yeuh aya keneh cau goreng tilu siki deui. Meungpeung si Paulina can pulih!" ceuk Kahn bari ngasongkeun keresek eusi gorengan cau. "Heuheuh... Ari sugan teh euweuh jelema di hareupeun, hanas ditajong satakerna... " ceuk Robby Darwis bari gek diuk gigireun Kahn, terus ngahuapkeun cau goreng. On 7/12/07, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED] com.sg> wrote: > Kuring boga usul, engke mah lamun Indonesia ngalawan Arab, sakum panongton > anu nongton langsung di lapang, diwajibkeun marawa senter, mun seug pareum > listrik..prak senter diparake nyaangan nu maen bal...Insya Allah caang. ________________________________________________________ Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! http://id.yahoo.com/

