Malagina Nangtung dina Malagina
  Agni Malagina
   diterjemahkeun ku Kang Mumu (deui..hehe)
   
   
  Malagina nu ieu teh kapanggih tanggal 12 Juni 2007. Perenahna di sisi 
wahangan Ciapus, Lembur Kemang, Sindangbarang....Dina Malagina si kuring 
nangtung. Malagina nangtung dina punden Malagina. Tempat nu ku si kuring 
ditincak waktu harita kungsi dijadikeun tempat sakral. Ditaksir kungsi aya 
kagiatan kaagamaan nu maneuh tur mayeng di sabudeureun daerah Sindangbarang 
dina abad ka-14-15. Salah sahiji punden titinggal karuhun baheula teh nya eta 
punden nu ayeuna dibere ngaran si kuring, Malagina.
  Hahaha...ngaran Malagina teh diabadikeun pikeun nyebut hiji situs batu ¡¦temu 
gelang¡¦ nu kapanggih ku si kuring. Dina tanggal 13 Juni 2007 isuk-isuk, si 
kuring nuduhkeun eta tempat. Pa Agus Aris Munandar spontan mere ngaran Malagina 
kana eta situs...¡§Malagina wae, lamun dibere ngaran Agni mah engke jadi ngaran 
nu aya hubungan jeung Hindu.¡¨ 
  Si kuring ngan ukur imut. Eta punden teh ngaranna Malagina...Sakedapan si 
kuring nangtung di tengah batu ¡¦temu gelang¡¦ nu ngalingkung kuring. Si kuring 
neuteup...ngararasakeun...angin....sora angin nu nebak ceuli. Angin datang 
nebak tangkal, dahan, jeung daun nu nutupan eta situs. Aya sora cai ngamalir di 
sela-sela batu di handap...di wahangan Ciapus.
  Punden Malagina teh teu sagede punden Majusi atawa punden Surawisesa atawa 
punden Pasir Eurih. Diameterna ngan 3 meter. Undakanana 3. Eta punden teh 
punden munggaran nu kapanggih ku si kuring...jeung dibere ¡¦ngaran tukang¡¦ si 
kuring. Si kuring mikir...hebat pisan euy....ngaran Malagina aya di sisi 
wahangan. Nyumput. Kungsi oge jadi tempat ritus kaagamaan Sunda Kuna. Basa keur 
sorangan ku sabab ditinggalkeun Pa Agus nu turun ka wahangan Ciapus, si kuring 
masih cicing jeung mikir, baheula, urang Sunda jaman baheula neangan Pangeran 
teh nepi ka ieu tempat. Mere sesembahan ka karuhun jeung Hyang di ieu tempat. 
Neangan Hyang, Pangeranana dina wujud nu maha sampurna. Asli nu saasli-aslina. 
Jujur nu sajujur-jujurna. Si kuring ngarasakeun alam nu sabenerna. Aya angin 
jeung matapoe nu karasa newek dina kasingkuran. Aya cai jeung batu nu neureuy 
jemplingna eta isuk. Mungkin oge aya ceurik jeung gerendeng nu teu kakedalkeun 
dina mangsa kaliwat ka eta batu-batu nu lumutan teh.
  Implengan si kuring ulin dina montase-montase sewang-sewangan dina pikiran. 
Naha mungkin jaman baheula jelema-jelema nu datang ka eta tempat mawa 
sesembahan kalawan tujuan muja-muji karuhun jeung Sang Hyang Taya? Tangtu gede 
pisan pangorbanan maranehna tug nepi ka ieu tempat teh. Sakitu jauhna 
lalampahan neangan Pangeran...Si kuring masing nangtung. Ngabedega. Neuteup 
batu-batu gede nu patingsolengkrah di sabudeureun si kuring. Di dieu...di dieu 
kungsi aya pamujaan. Pamujaan ka karuhun jeung Hyang. Hyang nu ngawujud dina 
Guriang Tujuh. Tujuh batu nu ngurilingan si kuring....angka tujuh...misterius.
  Lalampahan neang Pangeran nepi ka suku Gunung Salak. Nyieun punden jeung 
¡¦batu temu gelang¡¦. Si kuring ngabayangkeun, si kuring nu jarah datang ka eta 
punden...duka naon ngaranna baheula. Naha mungkin baheula aya jalma nu nangtung 
tegep di tempat ayeuna si kuring nangtung? Bari neuteup batu nu sarua, nempo 
wahangan nu sarua, nenjo tangkal nu sarua, jeung ngadenge sora angin nu sarua? 
Naha mungkin manehna baheula oge mikir hal nu sarua? Mikirkeun Pangeran jeung 
karuhunna? Naha mungkin manehna oge mikir: di mana Pangeran teh? Naha Pangeran 
uninga yen kuring geus leungit rupa jeung meh binasa? Jeung si kuring aya di 
dieu manggihan Pangeran kuring, dina wangunna nu asli jeung jujur. Jeung si 
kuring teu bisa ingkah balilahan ti Pangeran kuring...
  Implengan si kuring eureun. Reg. Inget kana tulisan Pa Agus Aris ngeunaan 
panalungtikan awal situs Sindangbarang. Karuhun jeung Hyang nu disebut-sebut 
teh dihurmat pisan ku masarakat Sunda kuno mangsa harita. Karuhun, 
luluhur...jadi matak mikir ka diri si kuring basa ngalengkah ninggalkeun punden 
Malagina. Si kuring lahir minangka anak Janda (Jawa-Sunda). Hal ieu nyababkeun 
si kuring tumanya...getih Sunda nu kapibanda ku si kuring ti mana jolna? Si 
kuring kungsi nanya ka indung,¡¨Oooh...eta mah eyang nu uninga. Tapi lamun teu 
salah mah eyang kungsi nyarita yen urang teh turunan ti Pakwan Pajajaran.¡¨
  Halah....geuning bisa? Si kuring nanya ka nini, anjeunna 
ngawaler,¡¨Wah...silsilah kulawarga urang mah panjang. Nepi ka kulawarga Pakwan 
Pajajaran. Kulawarga urang, contona indung maneh, eta teh ditangtayungan ku 
karuhun urang.¡¨
  Si kuring nanya,¡¨Dina wujud naon?¡¨
  Diwalon,¡¨Maung bodas.¡¨
  Saheuleutan mah....si kuring teu percaya eta caritaan. Ngan, dak-dumadak, si 
kuring inget kana salah sahiji situs nu dituliskeun ku Pa Agus dina bukunya, 
nya eta situs ¡¨Paniisan Meong Bodas¡¨ (tempat harimau putih ngademlah...eta 
teh simbol salah saurang Raja Pajajaran nu ngundurkeun diri jeung nyucikeun 
diri).
  Si kuring mikir deui, naha bener karuhun si kuring nepi ka sajauh kitu 
asalna? Si kuring jadi panasaran hayang neangan saha si kuring sabenerna jeung 
ti mana getih Sunda nu ngamalir dina ieu raga kuring. Sakali deui, kawasna mah 
bener-bener bakal jadi lalampahan  panjang pikeun neangan karuhun....kawas Road 
to Holy Land.
  Naon nu diteangan ku si kuring jeung sababaraha urang babaturan ngeunaan 
karuhun teh tangtuna bakal panjang pisan. Ngarasa bagja yen si kuring spk bisa 
ngamimitian neangan jati diri nu dibaladah ti Sindangbarang. Samemehna si 
kuring sok ngarasa bingung, ti mana kudu ngamimitian ngabaladah lalampahan 
neangan jati diri. Dina sababaraha obrolan ngaler-ngidul jeung babaturan, si 
kuring spk salawasna bingung lamun tumanya....saha atuh si kuring teh? Ti mana 
si kuring teh asalna? Ti mana ngamimitian neangan ieu masalah nu kawas 
¡¦buleudan setan¡¦ nu teu jelas tungtung-puhuna. Meureun sarua jeung 
¡¦lingkaran hermeneutik¡¦ nu salawasna bingung neangan tungtung-puhuna hiji 
tafsiran. Dina ieu buleudan teh meureun teu aya bener-salah...sakabehna 
absolut? Atawa anomali? Duka teuing...si kuring spk rek neangan...dimimitian ti 
Sindangbarang.


<embed src="http://images.multiply.com/multiply/horizontal-headshot-badge.swf"; 
type="application/x-
       
---------------------------------
Got a little couch potato? 
Check out fun summer activities for kids.

Kirim email ke