NEANG KA INDUNG

Aya dibuana sunda
ka sebut ngaran indung
seungit ngalun-ngalun sujud di alam dunya
nyatana anjeun aya di dieu.
maranehna nyarebut ngaran indung,maranehna muja ka
indung,maranehna anak-anak anjeuna.tapi maranehna
naringgalkeun indung bari ngahinakeun anjeuna.

naon salah indung?
naon dosa indung?

cai dibalurkeun jadi getih,taneuh dibalurkeun jadi
daging,angin dibalurkeun jadi napas,seneu dibalurken
jadi kahayang.
indung nujadi wakil hirup tinu boga hirup.

aing reumbai cimata,tapi caimata geus garing
ka deuleu ku aing beurang-peuting,indung nu keur
tunggara reumbai caimata ditungtung buana panca
tengah.

dibuana sunda nyatana indung ayauna sorangan
"asa lain diimah sorangan"

sakabeh ge dihampura ku indung
maraneh...bari taledor ka indung,heg numana wae
bari jeung nu muja kanu semu.  

                    ***

kalla s.
TANGTUNG SUNDA BUANA 




        
                
________________________________________________________ 
Sekarang dengan penyimpanan 1GB 
http://id.mail.yahoo.com/

Kirim email ke