Asswrwb,- Baraya 
   
  Ieu pangalaman aki tams nalika nembe dongkap di negeri jiran tahun 2000 
kapungkur, malih dugi kakiwari oge masih kapendak keneh. Upami urang Indonesia 
nyanggemkeun kecap butuh dina kalimah, urang Msia anu nguping teras nyakakak 
upami pameget, atuh upami isteri mah mesem2 jigah anu rada isin. Ari 
ditaroskeun, aya naon make nyeungseurikeun? Waler salah sawios urang tempatan, 
kecap 'butuh' teh jorang, margi maksadna "barangna" jalu naha kanggo sato 
atanapi jalmi. Sami oge sareng di Indonesia khusuna di Propinsi Bali. Kecap 
"pantat" oge tabu atanapi jorang, margi eta kecap maksadna "barangna" atanapi 
gagaduhan istri.  Janten omat ulah nyebat kecap-kecap eta di Msia, bilih 
diseungseurikeun. 
   
  Kecap2 sejen, oge aya sapertos "Bisa diatur", eta oge pikasieuneun panginten, 
margi "bisa" hartosna "racun". Anu paling lucu sareng aki tams kaisinan, margi 
dina majlis resmi ping 6 Juli kamari diuji ku 7 Profesor, dina akhir sidang 
naroskeun, kunaon ari tesis urang Indonesia sok aya kecap "membutuhkan", atuh 
geur hadirin nyakakak, anu istri miceun beungeut. Aki tams jadi bingung kumaha 
ngajawab, Ceuk aki tams garansi dina tesis anu diparayuneun di majlis elmu ieu 
moal aya kecap eta, garasi 100%, moal mendak aki tams serius. Terus panitiana 
miwarang aki tams kaluar. 
   
  Gengentos kecap2 anu tabu tadi tiasa ku kecap "perlu" kanggo butuh, boleh 
kanggo bisa, mung kanggo kecap pantat mah ulah wae disebat wae can mendak 
gentosna. Kitu rupina ciri sabumi cara sadesa, anu ceuk sapalih biasa, tapi 
ceuk sapalih malah luar biasa, gumantung di mana urang aya.
   
  Sakitu sakedik kaisinan aki tams di msia.



       
---------------------------------
Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles.
Visit the Yahoo! Auto Green Center.

Kirim email ke