--- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
>   Haturan kang Wildanthk,
>    
>   Babaturan kuring di sakola (baheula) oge di tempat gawe nganggap
kuring teh supi (Sunda pisan), eta meureun kusabab lentongna medok
teuing. Padahal kuring teh lain sagemblengna urang Sunda sabab dina
awak kuring ngamalir getih urang Jawa lantaran salah sahiji nini
kuring urang Tegal. Jadi sajujurna henteu aya kaijid ka urang Jawa
umumna. Katambah dulur oge aya anu kawin jeung urang Jawa sarta
dunungan kuring baheula oge urang Jawa bageur pisan ka kuring teh. Anu
henteu dipisuka ku kuring mah oknum anu ngahaja nyiptakeun bibit buit
pacengkadan. Anu kaalaman ku kuring, oknum saperti kitu henteu saeutik.
>    
>   Salah sahiji oknum, nurutkeun kuring, nyaeta Langit Kresna. Sabab
jelas hasil tulisannana nimbulkeun pacengkadan, urang Sunda jeung
urang Jawa silih gorengkeun; coba tingali dina blog-blog anu ngabahas
eta novel atawa titenan we eusi novelna ti mimiti kecap-kecap
panganteur nepi ka pelecehan ka Diah Pitaloka.
>    
>   Dina kecap-kecap panganteur, Langit Kresna geus goreng sangka
majarkeun urang Sunda mikangewa urang Jawa padahal pan can tangtu
bener. Ku suku bangsa lain mah bisa dianggap enya. Ceuk kuing, hal ieu
bisa nyababkeun penilaian negatif ka urang Sunda boh ti urang Jawa
atawa suku bangsa lainna. Bisa-bisa henteu alalakur kahareupna. Terus
dina eusi caritana, Langit Kresna ngaruksak karakter Diah Pitaloka;
anjeunna ampir disaruakeun jeung Gueverra anu salingkuh dina film King
Arthur. Jadi aya upaya pembelokan sejarah ceuk kuring mah. Pikeun anu
tara maca sajarah, ieu bisa dianggap bener. Kuring salaku nu mikanyaah
sajarah, henteu rido lamun aya manipulasi sajarah, karunya ka Diah
Pitaloka deuih. Jadi lain rek nyabit-nyabit "masa lalu". Bedakeun atuh
antara nyabit-nyabit masa lalu jeung mikanyaah sajarah. Titenan
email-email kuring di milis ieu, pan lolobana mah ngeunaan sajarah.
>    
>   Sabenerna mah kuring kakara nyaho Perang Bubat teh ti urang Jawa
pituin, babaturan kuliah di tingkat hiji. Biasa wae ueweuh komentar
nanaon. Kabeneran oge sababaraha bulan / taun ti harita (poho deui) di
Radio Volvo aya dongeng Perang Bubat karangan urang Jawa anu
didongengkeung ku Andi Saputra. Eta oge biasa wae. Pas mimiti
langganan deui Mangle ahir-ahir ieu, aya oge carita Perang Bubat.
Sanajan kabawa sedih ku caritana tapi eta oge biasa we henteu
nyababkeun kakeuheul ka urang Jawa da eta mah kajadian jaman baheula
jeung katambah pan kuring oge ΒΌ turunan Jawa. Ngan saenggeus maca
novelna Langit Kresna, emosi rada kaseureud. Meunang henteu lamun
kaseureud? 
>    
>   Katambah deui ku pangalaman anu matak henteu ngeunah waktu gaul
jeung sababaraha urang Jawa pituin. Lamun dianalogikeun jeung sensor,
akang jeung kuring beda kepekaannana jeung beda nempatkeunnana
meureun. Meureunan kuring mah peka teuing jeung di tempatkeun dina
kondisi anu nyababkeun sensor "selalu bereaksi". Lamun kitu saha anu
salah? Sensorna mah henteu salah meureun. Jadi meunang meureun lamun
kaseureud. Soal wanoja Jawa anu naksir jajaka Sunda, sarua rarasaan
mah kuring oge pernah ditaksir ku urang Jawa, ha ha ha.
>    
>   Ulah hariwang kang, kuring maju nyongsong masa depan pikeun
Endonesia, Indonesia anu bhineka nya kang, Jawa nanjeur, Sunda
nanjeur, suku bangsa lain oge sarua, henteu silih lecehkeun.
>    
>   Sakitu wae nya, mudah-mudahan henteu pondok nyogok panjang nyugak;
pondok karunya ka si papap, panjang karunya ka si mamah. Ieu mah
itung-itung diajar debat. Engke akang lamun geus digawe bakal ngalaman
yen dina rapat-rapat urang perlu debat, perlu ngayakinkeun yen
pamadegan urang anu bener.
>    
>   Okeh, dengan ini, topik Perang Bubat dengan resmi ditutup.
>    
>   Salam,
>   Asep
>   
> 
> wildanthk <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  ah
biasa wae atuh kang, nu baheula nya tetep we baheula, ulah
diungkit-ungkit, ayeuna urang maju nyongsong masa depan, nya kajeun
we, kang urang jawa barat kan telahna easy goingna cuek we...kajeun
urang jawa ngomong kitu, moal mungkin urang hirup di jaman gajah mada,
prabu siliwangi oge hayam wuruk, eta teh kan sejarah, nu ka raosan ku
abdi nuju sakola di ITS biasa wae, malah solidaritas na aralus
babaturan didieu...tara nyabit2 masa lalu. malah jajaka sunda loba nu
dipikaresep nu wanoja didieu. 
> 
> cag ah.
> baktos pun adoel
> 
> 
> 2007/7/12, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>:                       
            
> Sapamadegan kang Asep, urang Jawa teh balageur jeung someah. Sami
sareng urang Sunda, anu someah tur soleh mah someah jeung soleh we. Nu
papada porenges oge loba! Kuring pernah papacangan sababaraha kali
sareng urang Jawa..."Serasa jadi Hayam Wuruk"! ..hehe 
>    
> 15/07/2007
Sumuhun mang akur lah, urang kudu ngautamakeun karukunan sapada dulur.
rek jawa, rek batak, rek dayak jeung sajabana suku suku nu aya di
endonesia...Tong polonthonk teuing da hirup teh sanes kagungan nyalira
wungkul Mang.
Salut lah kana kajembaran manah na....Merdeka!!!
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Asep
> 
>  
> ---------------------------------
> We won't tell. Get more on shows you hate to love
> (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
>


Kirim email ke