abdi asa teu cangcaya yeun urang jawa jeung urang sunda teu alakur, pa aing-aing etamah katambah-tambah tokoh2 ti ki sunda jeung ki jawa euweuh nu bisa mere dokumentasi nu kuat jang anak cucu na, nu aya omong-omongan nu sifatna omong kosong, mun tea mah aya kajayaan pasti anak cucu ti sunda oge ti jawa moal ciga kieu, emang bener informasi nu salah nu bakal nelantar saha wae nu cangcaya, buktosna urang jawa kieu urang sunda kitu, ceuk mah cenah mun lalaki urang sunda terus istri urang jawa, sarua wae ngagrwaan indung, eta carita ceuk kolot, bener hanteu mah duka, asa teu masuk akal, kulantaran ngagarwaan wanoja jawa sami mawon ngagarwaan indung, aya ideologi timana, kadang kolot urang sok teu bijaksana mun mempertimbangkan hiji masalah nu aya ngan euceuk, euceuk oge can tangtu bener, karuya nu gaduh kayakinan lemah, nu bakal jadi korban, sok atuh pupuhu milist urang sunda, nu aya didieu, cobi akur ari jeung dulur teh, mun tea mah urang sunda kentel ku islam, nya pake islam na, islam mah kan teu ningali suku, ras, bahasa, jrrd. kanggo ka pupuhu cobi mun naluntik sejarah kudu aya dokumentasi nu kuat. ulah asal sebat. mun tea nu nyarios jalmi terpercaya pasti dipercaya sok sanajan informasi berita bohong..
cag ah...kangge pupuhu?maklum rada sewot yeuh...cobi nu diobrolkeun teh nu sifatna humoris, kan si kabayan teh urang sunda ? tapi urang sunda lain si kabayan ?

