muhun ari lebah dinyana mah sikuring ge sering ngadangu. nutrisi saputra berhasil ningkatkeun hasil panen di sababaraha wilayah. nga ieu mah (alah jadi corong euy) cek salah saurang prof. ipb nu nentang (ulah waka) nutrisi saputra dikomersilkeun saacan metode penelitianna beres. jigana mah nutrisi saputra ieu ngalengkahan tata tertib dina ngajalankeun rancangan percobaanna. padungdengan ieu kajadian dina sababaraha bulan kaliwat. duka tah perkembangan ayeuna mah.
ukur dugi ka dinya simkuring ngarti kana padungdengan di milis ipb eta. uteukna can nepi haha On 7/16/07, Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tapi pami dina hasilna tos kabuktian ajaibna, ieu oge di kiatkeun ku gubernur Fadel Muhammad anu nyatujuan daerahna nu gambut di cobi ku NS nya hasilna sae pisan, teras Ir. Ciputra oge anu mayungan pausahanana kantos panen sawah nu muncekil, sabara dinten kapungkur dina acara open house Nagri BBM aya cariosan Faisal Basri anu matak kaget yen manehna (Faisal basri) nyaksian nu panen di sawah anu nganggo nutrisi saputra di jaga ku soldadu meni rempeg lantaran sieun aya nu nyerang.... sumuhun Kang Dud, cenah mah ceuk tina koran jawa pos mun seug hak paten tos kaluar kakara nembe di pedar saujratna ngeunaan Nutrisi eta nu bibitna tina cai laut... hehehe punten pami lepat.... ,___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

