Leres atanapi teu leres (eta carios perang bubat tea)jigana henteu
kedah janten ganjelan kana hubungan komunitas Jawa-Sunda. Da parantos
biasa dina sajarah mah, dua bangsa anu kapungkur musuh bubuyutan,
ayeuna janten sobat dalit. Contona, Jerman sareng nagara-nagara Eropa
sanesna (oge Amerika)nu garelut di jaman perang dunia kadua, pan
ayeuna mah rukun salelembur. Kitu deui Jepang sareng nagara-nagara
Sakutu (sanes kutu dina buuk). 
Tah urang Sunda oge kitu. Teu kedah dendam tujuh turunan ka urang
Jawa, da anu ngamusuhan orang Sunda teh mung rejim Gajah Mada sareng
Hayam Wuruk. Ulah hilap deuih, abjad Sunda: ha na ca ra ka da ta sa wa
la jeung salajengna, eta teh modifikasi tina abjad urang Jawa. Janten
saleresna mah, urang Jawa oge kagungan jasa ka urang Sunda, nyaeta
ngawariskeun budaya baca tulis, anu sateuacanna henteu dikenal ku
urang Sunda. Perkawis ieu, aya dina buku (disertasi) urang Jepang
(aduh hilap namina sareng judul bukuna, engke diguaran deui)anu di
antawisna nyarioskeun yen urang Sunda teh diajar nyerat ka urang Jawa.

--- In [email protected], "Dudi Herlianto"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> hatur nuhun teh herni,
> kuring kaasup nu resep ka sajarah. resep ngalieukan ka tukang ;)
sugan we
> nimu eunteung nu ningalikeun korodokna beungeut meh gampang
ngaberesihanna.
> 
> teh, ieu mah rek babagi pamikiran bae. estuning cekeng wungkul.
> cek kuring, 'sajarah nu kajadian sabenerna' mah euweuh. nu aya ukur
> tapsiran-tapsiran tina bukti-bukti sajarah nu (geus) katimu.
sajarahwan bisa
> dipapandekeun jeung ahli tapsir alkitab kaagamaan. kumaha jadina sajarah
> tergantung timana sajarahwan nyokot angel (alah sudut pandang ieu
mah lain
> ganjel beuheung haha--sundana?). hiji kajadian, bisa jadi sababaraha
versi
> sajarah. (tong boroning sajarah baheula nu pelakuna geus teu bisa
ditanya.
> dalah kajadian kamari oge bisa jadi sababaraha carita nu patojaiah.
 kumaha
> bae, kajadian di alastlogo.) nu mana nu bener? nya pakuat-kuat
argumen jeung
> data-data nu ngadukung we eta mah.
> 
> misalkeun, perang bubat. kajadian ieu aya dina Pararaton, Kidung Sunda,
> Carita Parahyangan, jeung naskah Wangsakerta. tapi euweuh dina naskah
> Nagarakertagama atawa Desawarnana-na Mpu Prapanca. jeung nu ngangkat
perang
> bubat salaku sajarah (karak) urang jawa barat wungkul (cmiiw!). ti
luar mah
> komo aya nu teu narima sagala. nu mana nu bener? nepi ka ayeuna
belah mana
> bubat-na oge can jelas.
> 
> keur kuring kajadian ieu kudu sageuwatna ditembreskeun sajelas-jelasna.
> sangkan dosa babad nu nyababkeun ruksakna karukunan dua tatangga bisa
> dileungitkeun sapisan. kuring teu pati satuju lamun ku alesan ngajaga
> karukunan, 'gelut' ngeunaan perang bubat ieu kudu dieureunan.
> 
> memang hal ieu bagean ahlina. tapi keun wae meureun lamun kuring
sakali-kali
> ngarewong ;)
> 
> dh
> 
> On 7/15/07, herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Mangga manawi kersa maos,
> > seratan kenging mulungan ti manda mendi duka teuing!!!!!!!!!!!!!!!
> > Sanes bade muka deui  topik anu tos ditutup.
> > Kang Asep hapunten he...he...
> >
> >
> 
> 
> -- 
> dh
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
>


Kirim email ke