Hatur nuhun pa Denis.
Kumaha nyusun kamus Sunda-Perancis teh tos rengse..?

MSas

  ----- Original Message ----- 
  From: Denis Rivard 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, July 16, 2007 7:58 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Kecap sifat, kecap gawe..kumaha nya..?



  Pa Sasmita nu dipihormat,
  Enya kitu bae, Pa Sasmita. Kalimah imeut anu dicutat kalayan taliti ku Pa 
Sasmita sakitu dina basa perancis : "L'adjectif est l'ennemi du substantif". 
Cutatan eta tina karangan judulna "Discours sur l'homme" diserat ku bujangga 
Voltaire sareng kandung harti mah : "kecap sifat (adjectiva) teh musuh 
bubuyutan jeung kecap barang (nomina)".

  Sim kuring ngarasa bingah tiasa ngiring ulubiung deui dina ieu milis.

  Parentos heula
  Baktos
  Pa Denis


    ----- Original Message ----- 
    From: MSasmita 
    To: [email protected] 
    Sent: Thursday, July 12, 2007 10:52 AM
    Subject: [Urang Sunda] Kecap sifat, kecap gawe..kumaha nya..?



    Asana kungsi maca ceuk pujangga Perancis Voltaire kecap sifat (adjectiva) 
teh musuh bubuyutan jeung kecap barang (nomina), terus aya deui anu nulis urang 
kudu ngarasa gagal lamun ngan sakadar sok make kecap sifat lamun komo bari 
jeung teu manggih kecap gawe (verba) atawa kecap barang.
    Mimitina tidinya terus ngilikan motto (susuluk) kota Bandung ti mimiti 
Bandung ATLAS (Aman Tertib Lancar Sehat), Bandung BERHIBER (Bersih Hijau 
Berbunga), Bandung Genah Merenah Tumaninah, ditumbu ku ayeuna Bandung 
BERMARTABAT (Bersih Ma'mur Taat Bersahabat) ampir sakabehna kecap sifat.
    Enya eta susuluk teh udagan nu ayana dina alam ideal, boa boa dina prakna 
digawe pikeun ngudag eta alam ideal teh lengle atawa boa boa sok sanajan geus 
digawe optimal ge angger we teu tepi kana udagan. Meureun lantaran nyoko teuing 
kana kecap sifat.
    Cik baraya wartosan si kuring, kumaha paduregengna antara kecap sifat, 
kecap gawe sareng kecap barang, ieu teh tos kokotetengan sareng tos ngungkaban 
sababaraha buku can mendak keneh, tulas tulis teh bet janten pugag. Pasihan 
terang we info bukuna, buku naon nu kedah dibaca, ulah buku nu abot teuing 
lah...nu hampang-hampang we....!!. Hatur nuhun.

    MSasmita



----------------------------------------------------------------------------


    No virus found in this incoming message.
    Checked by AVG Free Edition. 
    Version: 7.5.467 / Virus Database: 269.10.1/889 - Release Date: 2007-07-06 
20:00


   

Kirim email ke