UI anu ngadeg ti awit taun 1950, anu make ngaran
INDONESIA teh taun 1987 peuseur kagiatanana dipindah
ka Kampus Depok, wewengkon Jawa Barat. Sok sanajan
kitu, UI teh masih ngaku hiji-hijina paguron luhur anu
nyongcolang di peuseur dayeuh, jeung boga pangaruh
politis  sacara “signifikan” ka peuseur pamarentahan
nagara.

Kiwari, UI keur boga "hajatan", neangan pupuhu anu
bakal nyangking kalungguhan salaku jalma anu bisa
nangtukeun “beureum hidungnya” paguron eta nepi ka
taun 2012. Aya tilu calon anu rek “makalangan” dina
tanggal 20 Juli engke. Debatna teh cenah mah rek di
“internet”keun, make video streaming.

Pek geura “pasang ceuli pasang mata” kumaha ketakna,
eta tilu calon “adu renyom”. Tingali wae di web ui
(www.ui.edu).


Baktos,

mrachmatrawyani




 
____________________________________________________________________________________
Don't get soaked.  Take a quick peak at the forecast
with the Yahoo! Search weather shortcut.
http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#loc_weather

Kirim email ke