--- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Balik ka Perang Bubat, naha Perang Bubat aya dina naskah- > naskah "Kidung Sunda", naskah "Carita Parahyangan", jeung > naskah "Pararaton"? Naha perang Bubat henteu disabit-sabit dina > naskah Negara Kertagama? Terus naha gara-gara perang Bubat henteu > disebut dina Nagara Kertagama terus disimpulkeun Perang Bubat teh > henteu pernah kajadian?
Aya hipotesis, poho deui ceuk saha, naon sababna Perang Bubat teu aya dina Nagara Kertagama. Cenah mah Nagara Kertagama dijieun/ disusun ku pujangga Karaton. Nu aranna "sastra Karaton" biasana nu dicaritakeun teh nu ALUS-ALUSna wungkul tara nyaritakeun kajadian nu goreng atawa nu ngerakeun. Beda jeung Pararaton nu disusun ku pujangga nu aya diluar lingkaran kawawasaan. Perang Bubat sigana mah dianggap hiji kajadian nu ngerakeun/ teu pantes keur Karaton Majaphit. Jadi "sang Empu" henteu nuliskeun kajadian ieu .... Baktos, WALUYA

