Paguneman Mang Utas
   
  Elehna Indonesia  Salah Sahijina Lantaran ku Wasit
   
  Mang..basa Malem Ahad ningali maen bal teu ?
  Puguh atuh Lo, amang mah panghareupna ningalina oge
  Ari kitu ningalina di Gelora ? 
  Huss…lain atuh Lo, timana atuh keur meuli tiketna keur sakieu hararesena duit 
teh
  Atuh dimana nongtona…?
  Ah..biasa we amang mah nongton bareng di Pos Ronda
  Duh..kacipta pasesedek atuh nya Mang 
  Enya..puguhan Lo…eta gelas kopi oge meni racleng kasepak ku Amang
  Ari kitu kumaha Mang bisa kasepak kitu ?
  Heueuh atuh da Amang teh geregeteun hayang najong wasitna, eta geura wasit 
teh meni beurat sabeulah. Abong-abong sa daerah hayoh nyieun kaputusan teh 
matak ngarugikeun pamaen urang.
  Ohh..geregeteun hayang najong wasit.. sugan teh geregeteun hayang ngiluan 
ngasupkeun
   
  Lo..ceunah ceuk beja ti Ketua PSSI mah, wasit teh salila ‘pertandingan” eta 
geus nyieun kurang leuwih sapuluh kaputusan anu matak ngarugikeun tim Merah 
Putih.
  Atuh pantes nya Mang mun bobotoh-bobotoh Merah Putih daremo ngadatangan wasit 
teh
  Heueuh..atuh geus sakuduna urang teh protes, Enya sih urang protes sampe 
bebeakan oge moal matak ngarobah poin tilu angka anu dibawa ku barudak gurun, 
ngan saeutik gedena bisa ngingetkeun gawe wasit anu kawas kitu patut. 
   
  Naon hesena atuhnya nyewa wasit ti luar Asia, kapanan loba wasit-wasit anu 
geus kasohor sa alam dunya.
  Ah..teuing atuh Lo..da saencana tanding oge ti pihak urang mah geus ngajukeun 
kabeuratan, ka Panitia Piala Asia, yen Indonesia embung dipingpin ku Wasit anu 
sadaerah, maksudna bisi teu objektif, ngan kitu tea Lo..teu dipalire.
   
  Keun atuh Mang, susuganan ari geus diprotes mah, wasit teh mikir dua kali rek 
ngalicikan teh.
  Enya Lo..urang ngadu’a we keur kameunangan Indonesia ngalawan Korea engke.
  Rek dimana Mang..nongtona, di Pos Ronda deui atawa rek ka Jakarta ?
  Lah..puguh Lo..hayang mah nongton langsung, ngan euweuh seponsor nu hayang 
ngongkosan Amang
   
  Geus atuh Mang urang nongtona di Pos Ronda deui, ngan kahade ulah nyepakan 
deui gelas cikopi…hehehehhe
   
  Di tulis : ku Kebo Hideung  Kawalu Tasikmalaya 16/07/2007
  
       
---------------------------------
 
 Real people. Real questions. Real answers. Share what you know.

Kirim email ke