wah kang Billy kamana wungkul yeuh? aksara Sunda ayeuna mah sanes hanacarakadatasawala kang. tapi kaganga. asalna ti prasasti astana gede kawali. gambar the stone aya dina http://geocities.com/mangjamal/astana.htm
ngan fotona kirang sae, tulisan aksara sunda kaganga teu jentre. janten urang jawa teu gaduh jasa perkara tulas-tulis. dina enyana oge fakta sejarah, sigana alatan dijajah ku mataram. sarua we urang ayeuna make aksara latin, alatan dijajah walanda. saacan walanda datang, malah keur aya walanda oge, karuhun utamana nu islam, marake aksara arab pegon atawa arab tapi versi malayu. nagara2 nu teu pati kungsi dijajah batur siga thailand, jepang korea, cina -kungsi dijajah perancis tapi pangaruh budayana teu pati kuat- marake aksara sewang2an. On 7/16/07, Billy Soemawisastra <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Tah urang Sunda oge kitu. Teu kedah dendam tujuh turunan ka urang Jawa, da anu ngamusuhan orang Sunda teh mung rejim Gajah Mada sareng Hayam Wuruk. Ulah hilap deuih, abjad Sunda: ha na ca ra ka da ta sa wa la jeung salajengna, eta teh modifikasi tina abjad urang Jawa. Janten saleresna mah, urang Jawa oge kagungan jasa ka urang Sunda, nyaeta ngawariskeun budaya baca tulis, anu sateuacanna henteu dikenal ku urang Sunda. Perkawis ieu, aya dina buku (disertasi) urang Jepang (aduh hilap namina sareng judul bukuna, engke diguaran deui)anu di antawisna nyarioskeun yen urang Sunda teh diajar nyerat ka urang J mj http://geocities.com/mangjamal

