Nya ouguh alus eta novel teh,utamanamah kanggo mere semangat kurang sarerea 
mengenai pendidikan.Sabab ayeunamah pendidikan teh meni mahal pisan. karunya 
pisan ku urang lembur/kampung anu ekonomina pas-pasan.Mudah-mudahan semangat 
pendidikan nu aya dina novel-novel eta jadi perhatian keur pamarentah jeung 
urang sarerea.
mun maca eta novel asa hayang ceurik hayang seuri oge,sok inget kana perjuangan 
urang nepika bisa namatkeun kuliah. Da upami niggali sareat kaayaan kolot mah 
jajauheun teuing tiasa kuliaha,tapi tetep Allah SWT mah maha adil .Lamun urang 
gede kahayang ngadoa jeung usaha niscaya naon nu kuurang dipikahayang terjadi 
Allohuakbar.


----- Original Message ----
From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 17, 2007 9:48:45 AM
Subject: [Urang Sunda] Novel Tetralogi Andrea Hirata


Ngobrolkeun perkara tulisan atawa novel, kuring
sakulawarga ( jikan jeung anak awewe kuring umur 11
tahun), rame-rame maca novel Andrea Hirata (Laskar
Pelangi, Sang Pemimpi, Edensor). Sabada maca tilu
novelna (novel kaopat “Maryamah Karpov” can terbit),
kuring sakulawarga sapuk, eta novel luar biasa. Carita
dina novel eta teh, diilhaman ku pangalaman hirupna
pangarang. Ari Andrea Hirata teh, urang Melayu (asalna
ti Pulau Belitong), anu baheula “jaya” ku panghasilan
timahna tea. Lulusan Fakultas ekonomi UI, neruskeun S2
na di Universitas Sorbone, Perancis, meunang beasiswa
ti Uni Eropa. Kiwari jadi pagawe di Telkom Pusat
Bandung. Novel tetralogi eta teh, karya munggaranana.
Anu luar biasana teh, ti bubudak nepi ka sakola di
universitas, can pernah tulas-tulis cepen jeung
sajabana, saeutik-eutik acan. Matak pihelokeun,lamun
sakali nulis tetralogi, terus jadi “best Seller” teh.
Buku kahiji geus diterbitkeun dina edisi basa Inggris.
Ceuk cenah mah Riri Reza, sutradara film 'Soe Hok Gie'
oge, rek milmkeun eta novel, kusabab carita dina novel
eta teh mani "filmnis" pisan cenah.

Kunaon kuring ngobrolkeun novel eta?
Sugan wae atuh aya urang KUSnet anu katularan, nyieun
novel anu didasarkeun tina pangalaman hirupna. (bade
mapanas kang Gannjar Kurnia, Kang Yaya Rukayadi sareng
kang Suhermanto Duliman/mickel Ontohod, yeuh!)

Baktos,

mrachmatrawyani

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search 
that gives answers, not web links. 
http://mobile. yahoo.com/ mobileweb/ onesearch? refer=1ONXIC




       
____________________________________________________________________________________
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows. 
Yahoo! Answers - Check it out. 
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545433

Kirim email ke