Assalamualaikum Baraya sadaya, neupangkan pribados Noviyan Darmawan, nya ari panggilan namah iyan we abdi asli ti cipanas-cianjur ( aya anu ti cipanas?) tapi ti samet kuliah sareng ayeuna damel mah abdi janteun wargi bogor Ari status pribados, single upami di milis mah....... tapi dirorompok mah atos aya hiji :D dupi damel mah ayeuna abdi di tempat abdi kuliah di bogor.
Ari pamaksudan ngiringan milis teh teu aya sanes hoyong manjangkeun tali silaturahmi, sareng hoyong ngalancerkeun deui basa sunda pribados, ku sabab abdi inggeut ari pas prak kuliah mah, nu kagok teuh ngucap bahasa indonesia sareng inggris, eh bet ayeunamah janten sabalikna. Mugi baraya sadayana tiasa nampi pribados. Mung sakitu, perkenalan ti pribados, (lumayan ngadamel surat nganggo basa sunda teh seusah geuning....) Salam Baktos Iyan - Bogor

