kang yogie saena mah dicutat oge tah no rekeningna sabaraha, dikintunkeun
kamana supados apal anu bade nyumbang ka mana ngalungkeunana.
salman
yogie <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
AssalamuÂ’alaikum Wr Wb
Sateuacana sim kuring bade nyuhungkeun hapunten bilih email ieu kirang sopan.
Ngan sim kuring bade ngajak kana kahadean .
Janten kieu, sim kuring teh kenging amanat ti kampung abdi, nyaeta di Desa
Panumbangan Kampung Sirnagalih Kecamatan Bayongbong, Garut kanggo milarian dana
pembangunan Mesjid. Kaleresan mesjid eta teh dibangun dina tanah wakaf
kulawargi abdi.
Pangwangunan mesjid ieu diwangita taun 2001, ngan dugi taun 2005 masih keneh
rangkana wungkul.
Alhamdulillah ti ngawitan 2006, pangwangunan mesjid dingawitan deui. Ayeuna
mah tos katingal bentukna, malah tos diangge kanggo pangajian. Ngan teu acan
100%.
Ayeuna pangwangunan mesjid ieu diprioritaskan kanggo ngadamel tutup digigir
sareng payun mesjid. Kanggo kabutuhan eta kirang langkung diperyogikeun biaya
20 juta rupiah.
Sim kuring bade ngajak ka wargi2 sadayana, upami gadung kalangkungan rezeki
nyumbang kanggo pangwangunan ieu mesjid. Nyumbangna tiasa ku artos atanapi ku
barang. Margi masih keneh peryogi genteng (3000-an), Semeng, Keramik(80 Dus),
sareng sajabana,
Upami para wargi sadaya aya nu bade nyumbang, mangga kontak we sim kuring.
Bilih upami aya nu bade survey heula, mangga ku abdi dijajap ka lokasi mesjid.
Panginten sakitu heula ti sim kuring, sakali nyuhungkeun dihapunten bilih aya
kalepatan sareng tos kumaha wantun nyuhungkeun sumbangan.
Hatur nuhun
Wassalam
Yogie
Bandung
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.
---------------------------------
Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of spyware
protection.