Haturan Kang Djaka, mugia aya dina kawilujengan

Ngeunaan sepak bola (maen bal) umumna di Indonesia khususna di Tasikmalaya, 
tikapungkur oge dugi kadanget ayeuna teu acan janten industry sepak bola. 
Janten hararese rek menjat oge. Ari diurang mah majuna olahraga dina hal ieu 
sepak bola, ceuk abdi mah  kumaha pamingpin/pupuhu. Pamingpin resep maen bal 
Insya Allah minimal lapang-lapang wae mah diropea, saupamina pamingpin/pupuhu 
resep poligami eh...lepat volleyball maksad teh..heheheh...Insya Allah rame 
Polygami oge...duhh..kacaletot deui Volleyball maksad teh.

baktos
Kebo 

  ----- Original Message ----- 
  From: Djakaria Purawidjaja 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, July 23, 2007 4:41 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Persib nu aing, Persitas nu Kuring



  Maca carita pertandingan Persitas jeung Persib, mani waas lah komo jaman di 
hareupeun kabupaten gigireun Sakola SMP Tasik masih aya lapangan maen bal . Eta 
da anu ditungguan teh Persitas midang. Sanggeus ngumbara ka Bandung Nya Persib 
anu ditungguan tandang. Kungsi ngumbara di Tangerang, Persikota can nonjol 
saperti ayeuna, tapi sok oge dilalajoan. Ngumbara di Jakarta teu dibere karep 
ngabobotohan Persija, duka tah. Tetep we muhit ka Persib. Kungsi resep, lalajo 
klub klub Inggeris, favorit si setan merah, Manchester United, tapi kungsi 
ngarasa simpati duka ku naon ka Aston Villa. Tah kabeneran aya kasempetan 
sakola di Inggeris, taun 1982, Ngahaja nyusud dimana lokasi Aston Villa, ari 
pek teh geuning kota Kacamatan lamun di urang mah Indihiang meureun. Tapi 
adeuy, lapangan bolana sugan mah tarap international lah. Jeung loba deuih 
lapangan bola sasat di unggal juru. Iraha nya di nagri urang nepika kitu?
  Wassalam Djakaria di Jakarta (Asli urang Tasik, kalahiran Singaparna)

  kebohideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Persib nu aing, Persitas nu Kuring
    DADAHA, biasana lamun Poe Sabtu teh komplex olahraga Dadaha teu rame-rame 
teuing, basa Poe Sabtu kamari mah rame euy.. jalma oge pasesedek, disakuriling 
lapang bola ngajajar nu daragang kaos. Singhoreng simanahoreng aya nu diadu 
jajaten nyaeta Persitas ngalawan Persib Bandung.

    "Mang aya kaos Persitas ?" 
    "Waduh..teu aya kaos Persitas mah."
    "Naha geuning teu aya..kapanan ayeuna rek tanding."
    "Muhun, sadaya oge ngicalan kaos Persib"
    "Naha atuh Mang padahal ngicalan kaos persitas Insya Allah pajeng."
    "Kantos sih abdi oge ngadamel, ngan teu kenging ku pengurus Persitas."
    "Naon ceunah sababna ?"
    "Puguh duka...ceunah pokona teu kenging we, kedah aya ijin ti Persitas."
    "Padahal salahsahiji anu ngagedekeun wawanen tur anu mere sumanget kana 
klub teh kapanan bobotoh, ari kaos-kaos wae meni teu beunang mamake."
    "Jigana bade diicalan ku pihak Persitas langsung meureun nya?"
    "Ah..lamun mah enya aya, kuring rek meuli Mang.."
    "Keun we atuh mamake kaos Persib oge, yang penting dalamnya Persitas.."
    "Ha.ha.ha.....bisa wae si Emang mah, beu atuh kadieu, da sarua ari keur 
tingkat Jawa barat mah kuring ngadukung Persib, ngan ari tingkat daerah mah nya 
Persitas atuh Mang."

    "Istilah bobotoh mah meureun kieu, Persib nu aing, Persitas nu Kuring."
    "Tah..enya kitu..!"

    Pondok carita, asup we ka jero lapang, tuluy gek diuk na bangku tembok, 
sanes bangku cadangan :)
    Panongton meni pinuh, lamun dipersenkeun mah  aya kana 98% na Dadaha 
dipinuhan ku warna biru, sisana warna-warni teu make kaos saragam team.
    Na jero hate ngagerendeng, deudeuh teuing Persitas...maen di kandang 
sorangan teu boga bobotoh, keun we Jang...kajeun aing mamake kaos Biruna 
Persib..hate jeung jorowok aing mah tetep keur Persitas. Beulah kencaeun kuring 
aya nu nanya bari semu kerung, "Eta kunaon mamake kaos Persib, tapi kalahka 
ngabela musuh ?"
    "Husss..kuring teh sarua bootoh Persib, ngan kuring oge Urang Tasik, nya 
wajar we ngabela klub pribumi." tembal kuring

    "Aeh..enya kapanan ieu teh pertandingan persahabatan nya."

    Piluit panjang ditiup ku wasit, tandana rengsena pertandingan, walhasil 0-6 
keur kameunangan Persib. Burusut we bobotoh muru pamaen Persib, aya nu menta 
tandatangan ka Zaenal Arif, Salim, Jimanes, Sonny, Yaris (Jeki Chan), Leo 
pamaen anyar Persib jeung rea-rea deui.  Ah..kuring mah ngagandeuang we 
leumpang nyampeurkeun pamaen Persitas, tuluy gap sasalaman, "Kang Nuhunnya, 
maen teh geus alus euy...geus untung bisa nahan skore sakitu oge, Insya Allah 
kapayuna mah Persitas bisa langkung maju nya."
    Ari Pamaen Persitas mung ukur bisa seuri leutik, bari nyanghunjar bangun nu 
kacapean, da eta katingalina meni boborot ku kesang badag oge kesang lembut.

    Beres nganuhunkeun ka pamaen-pamaen Persitas, kuring ngahaja nyampeurkeun 
kumpulan wasit anu keur narangtung dipojok, kabeh tiluanana wasit kumpul 
didinya.
    "Pa hatur nuhun pertandingan teh tos berjalan kalayan tartib." cekeng bari 
tuluy gap sasalaman
    "Sami-sami." tembal wasit meh bareng bangun anu atoh aya nu nyampeurkeun ti 
pihak Bobotoh.
    "Pa dijero kaos ieu..eusina Persitas." cekeng bari tuluy ngaleos.

    Mudah-mudahan pihak pengelola Persitas dina hal ieu Pamarentah Daerah, 
tiasa langkung merhatoskeun Persitas.

    Bravo Persitas
    Hidup Persib

    Kebo Hideung - Tasikmalaya








------------------------------------------------------------------------------
  Building a website is a piece of cake. 
  Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

   

Kirim email ke