Hatur nuhun teh. Jongjong yeuh ayeuna mah. Rumaos salah nyerat nami tempat
SD, tapi da aya nami Pa Iyus-na salaku kepala sekolah.

ke kapayun manawi tiasa ditambihan. Ayeuna nuju ngeureuyeuh meseran buku
kanggo pabukon kuningan linggarjati, oge pabukom madrasah oge di Sumedang.

(Bari nuju ngetang2 kanggo beasiswa barudak kuningan, kepala desana tos
ngajukeun 20 jalmi. Numutkeun dana nu aya di yp, 8 jutaan, paling kuat
kanggo lima urangeun. Rencana teh lima puluh rebu saurang, beasiswa nu
kungsi katarima si kuring di supersemar keur sakola awal taun 1990-an). Mun
sadayana, 20 barudak eta dipasihan, sajuta sabulan, kuat henteunya YP. Da
mun noong dana ayeuna mung gaduh dana 8 jutaan tea. Susugunan jeung
mamanawian aya baraya nu ngiringan.

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Roro Rohmah
Sent: Tuesday, July 24, 2007 9:43 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngiring Bingah Jantenkeun Pabukon SD Cikareo-
Wado Sumedang

 

Kahatur MJ & baraya,

 

Tadi enjing abdi nelepun ka Pa Iyus, naroskeun kintunan tea.
Saurna, kamari nampi wartos ti kantor Pos Wado, aya kintunan paket nu kedah
dicandak.
Tah, Dinten ayeuna bade dicandak. Hatur nuhun pisan ka sadaya baraya Kusnet
nu parantos nyumbangkeun buku2 kangge barudak & mudah2an sing mangpaat.
Saurna deuih, pami tiasa mah bukuna ditambihan deui...(harrr?...acan2 dios
tos nyuhunkeun nambih...heheh).

Saur abdi, engke iraha2 pami ka Cikareo bade diroris, kangge laporkeuneun ka
pupuhu sareng baraya Kusnet.

ro2

 

Kirim email ke