Mun enyateh Palataran Pakujajar Sipatahunan rek dibubarkeun, duh, asa sedih 
pisan! Ngambang dina ingetan, hirup ngumbara diBogor,da asli mah urang 
Sumedang. Pangulinan teh sok ka Kompleks Binamarga, kaPalataran Pakujajar 
Sipatahuanan, da ti rorompok teh deukeut pisan. 
  Mun tas latihan nabeuh waditra, atawa diajar penca, sok leumpang mapay Jalan 
Loader, tempat Ma Ageung linggih, terus asup ka Sekarmandapa nu ayeuna tos 
janten mol. Bras wae ka Jalan Pajajaran. Teras wangsul ka rumah dinas pun 
paman, nu sok dianggo markas barudak nu ngumbara urang Sumedang. Biasana, di 
rumah dinas teh sok nyampak Si Aa, kitu kuring nyebut ka Ki Lanceuk (Yaya 
Rukayadi), mulih ngawulang ti IPB. Calik di tengah bumi bari maca buku 
karandel, basa deungeun wungkul, jul-jol wae nu lianna, terus sok ngaliwet, 
nyieun karedok, dahar teh bari ngobrolkeun kasundaan di Bogor.
  Kuring sokngabahas naon nu bieu di obrolkeun ku seniman Bogor nusok sarumping 
ka bumina Ma Ageung. rada-rada oge kuring mah ka Ma Ageung teh, da nganggap 
indung, malah dugi ka ayeuna ge anjeunna teh Indung Kuring.
  Nu diobrolkeun lolobana masalah pantu jeung lalakonana, pantun Pa Cilong, 
upatamana. Atawa patilasan Pajajaran. Ah seueur pisan nu kaguar jeung nu kaala 
di eta sanggar teh. Kuring jadi nyaah kana Kasundaan, kana warisan luluhur, 
salah sahijina jasa Ma Ageung. Inget keneh basa guru degung nitahngahaleuang, 
kuring ngahaleuang lagu Sumedang Kota Kamelang... Bari carinakdak, inget ka 
sarakan, inget ka lembur. Tapi hate reugreug, da loba nu dianggap lanceuk ku 
kuring, di antarana gegedug kusnet A Yaya: (Kumaha damang, A?)
  Ayeuna Palataran Pakujajar Sipatahunan rek dibongkar, duh, hate asa nyeri, 
asa peurih. Nyerina, kuring teu boga kakuatan nanaon! Mun seug kuring gubernur 
atawa walikota, atawa dewan, meureun bisa "unjuk gigi". 
  Eta ge tos nelepon ka sepuh di Bogor, nu kaleresan janten Asda 1, sobatna 
pangersa Walikota, saurna nuju dipadungdengkeun. Sanggem teh, poma ulah mung 
dugi dipadungdengkeun, sing nyucud jadi kanyataan, yen eta tempat tiasa 
disalametkeun. 
  Dina pangsujudan kuring ngalimba, neda Palataran Pakujajar Sipatahunan 
salamet, ulah aya nu ngarogahala. Ulah keuna ku sarakahna dunya.
   

       
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news, 
photos & more. 

Kirim email ke