Ngiring mairan*

Teh Eva, ngiring reueus kuayana sakola haratis nu bade diadegkeun. Sapuk, 
sapamadegan sareng Aki Tams, saenamah diayakeun di pilemburan supados 
"Pendidikan Merata", teu di kota wae. Didu'akeun sing lungsur langsar, hasil nu 
dipimaksad. Amin.

Punten Kang Deni sanes ngalepatkeun, ieu mah mung saukur usul. Pamendak abdi 
mah, pami TK haratis asa kirang peryogi, margi yuswa TK seuseurna kagiatan 
"hardolin" heheh... Jaman kapungkur mah geuning "ngajleng" we langsung ka kelas 
1 SD teu aya TK-TK an, tapi jalmina langkung palalinter.
Barudak TK jaman ayeunamah ni abot katingalina, kedah tos tiasa "balistung" nu 
dijantenkeun test lebet SD.  Raos guru SDna teu kedah riweuh mapatahan, tapi 
barudakna janten saletres* hawatoz...
 
Kantos maos na PR sasih Maret (saliwat pedah) he love deui di palihmana yen 
"Pendidikan pada usia dini tidak diwajibkan". Tah, kumaha pami waragadna 
diangge kangge barudax golongan Wajib Diajar 9 taun nu dugi ka SMP tea, 
langkung mangpaat panginten*

ro2.


>>> [EMAIL PROTECTED] 07/25/07 09:11AM >>>
Kuring usul kumaha lamun di mimitian ti TK we atuh. 
Ulah anu muluk2, teu saeutik jalma leutik hayang 
nyakolakeun barudakna ka TK. Tapi kusabab teu 
kaduga, jadi teu bisa. Jeungna deui, ceuk kuring 
mah. Umur TK teh, masa2 kritis nanyakeun jati diri. 
Teu jarang, budak umur 5 taun nanya ka kolotna:
"Allah teh saha?!" 
Kuring oge geus 3 taun jalan, ngayakeun TK Gratis 
Alhamdulillah barudak jadi bisa ngaraji (minimal 
IQRA), jeung kapinteran2 sejena anu teu eleh ku 
sakola anu mayar.
Disebut TK Gratis pedah teu mayar, lain pedah kuring 
loba duit. Da pagawean ukur guru. 
Kuring ukur nyadiakeun tanaga, pikiran jeung tempat. 
Ari gaji guru, alat2 tulis jeung buku barudak mah 
sok nampi amanat tisaha wae anu percaya. Mung ka 
Allah, kuring nyuhunkeun ngagentosan ku harta anu 
langkung seueur, mangfaat jeung barokah!
Sok der ah!

Kirim email ke