heuheuheueueueueueueuayyyy...... :p

On 7/25/07, sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   *HEUAY*
Wadul, mun aya nu ngaku can kungsi heuay, tangtuna sarerea geus pada
apal nu kumaha ari heuay teh. Komo kana rasana mah, kabeh ge pasti satuju
yen heuay teh pelem. Pelem kacida. Malahan saking pelemna aya nu kadedemes
sagala. Unggal menit nya heuay jeung heuay we gawena teh. Sanajan pelem,
omat kana heuay teh ulah sok kokomoan teuing. Bisi kawas batur, gara-gara
heuay antukna dibawa karumah sakit lantaran heuayna kaliwatan teuing,
carehamna teu balik deui, alias calangap salawasna, katambah keur calangap
teh geleber aya entog eunteup kadinya, terus asup bari ludak lodok.

Ceuk nu pirajeunan ngukur lilana heuay, rata rata sakali heuay meakeun
waktu genep detik, malahan jalma ngirit mah heuayna ge sok diawet awet
sadetik sadetik, idealna heuay nu tumaninah meakeun waktu 3 menit. Jadi mun
diitung salila sajam bisa 20 kali heuay nu tumaninah. Sabenerna nu sok heuay
teh lain manusa wae, da sato ge osok. Sato nu sok heuay diantarana, monyet,
kuda, singa jeung maung. Cara heuayna ge meh sarua jeung manusa, teu
percaya? Pek we ngarendeng jeung monyet hareupeun eunteung, heug babarengan
heuay. Ngan bedana ari manusa mah heuay teh pertanda datang pitunduheun, ari
sato mah heuay teh tandana lapar. Jadi ulah sakali kali nyodoran cikopi pait
ka monyet anu keur heuay.

Nu geulis sok heuay, nu kasep sok heuay, nu goreng patut komo. Jadi heuay
mah teu pandang bulu kasasaha ge eunteup. Sasatna heuay mah geus milik
sarerea. Ceuk nu rahul mun hayang ningali kageulisan hiji wanoja salian
ditingali waktu keur sare, oge bisa disidikeun waktu keur heuay. Lamun keur
heuay rupana tetep geulis, tah eta nu disebut geulis lain pupulasan teh.
Tapi sabalikna mun nu goreng patut heuay, katingalina jadi geulis. Tah ieu
mah, geus teu salah deui, kudu gancang dipariksa ka dokter, bisi enya tambah
parna katarakna.

Numutkeun hasil panaluntikan anu can tangtu bener, disatiap otak jelema
ngancik hiji zat anu ngahudangkeun rasa solider. Zat ieu bakal *bereaksi*,
tur sumebar kujalan heuay. Sakilas mah heuay teh siga nu tepa padahal nu
saenyana sok ngadadak solider mun ningali nu heuay.  Hiji conto, dihiji desa
keur diayakeun rapat anu dipingpin ku pa kades kalayan dihadiran ku para rt.
Basa pa kades keur seuri mah ngan sababaraha urang nu ngilu seuri, tapi basa
pa kades heuay, ampir kabeh anu haladir di eta tempat ngilu heuay. Matak
pipilueun heuay teh cenah solider ka pa kades. Beu! ***SR***



.



Kirim email ke