ehm enyaan matak ngacay. tah tipayun waktos di tasik kantos nyobian sangu
jagong. naon namina nya? guguruntulah meh jiga sangu. ari barang dihuapkeun teh
ehmmmmmmm meni pelem bari diawuran kalapa parud tea geningan. Moal eleh lah ku
awug mah.
salman,
deni riaddy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun ah ngiring ngarewong sakedik....
Sumuhun atuh perkawis tedaeun. Unggal wangsul ka lembur teh da nu di
prioritaskeun ku sim kuring sakulawadet pasti moro tedaeun sarupaning sirop
bojong, tahu kupat esah eh ayeuna mah aya tahu kabita di peuntaseun damri,
teras muter pecel sareng kolek ibu cicih kalektoran, baso SR (laksana oge
ketang) weh sareng bubur ayam jenal. Tutug oncom nu di dplad. Pokona ceuk basa
sundana mah cuti saminggu teh kombak kambek ka nu di daftar we. muih pokona
mah. Bajigur, bandrek sareng pasanganana sarupanging kulub hui, kulub sampeu,
kulub suuk, asa tos jarang mendakan kajabi pami nu nguriling. eta ge pami
kawenehan sok ngahajakeun megat nu ngalangkung.
Festifal mami (makanan-minuman) bakal di "gelar" (hilap deui naon basa
sundana) 4 Agustus? Wah resep kacida. Hanjakal kuring teu bisa ka tasik, aya
rencana engke ping 15 - 17 agustus.
Aeh, panuju tah kana pangemut kang trias. Kuring ge resep tah kang kana susu
teh......
----- Original Message ----
From: trias santosa
Mairan sakedik yeuh.
Barudak ayeuna resep tuangeun impor, mana kitu ge diantarana kulantaran
bumbu bumbu nu dipake memang raos. Bumbu bumbu ieu can tangtu impor. nu impor
teh lain barangna (bahan tuangeunana) namung "kabiasaanana" , contona susu. Di
urang mah teu biasa susu dipake sabage bumbu, di Eropah mah geus jadi kabiasaan
ampir sagala masakan make susu, pon kitu deui keju. Cobian geura, bajigur
disusuan, pais lauk dikejuan, lotek diganasan jsb. kanggo kang Salman nu
kabitaan abong mun teu ngacay. Kebo hideung ngadak ngadak bodas kabanjur cai
susu. Hapunten anu kasuhun.
__________________________________________________________
dipangneukteukkeun ku k#5
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
Play Sims Stories at Yahoo! Games.