Mapay-Mapay Podol Sorangan
(punten bahasana cawohak)

"Mang kunaon nya jaman ayeuna mah ari nu barang bere meni hayang katenjo ku 
batur ?" 
"Maksud Alo kumaha ?" tembal Mang Utas balik nanya

"Eta we contona lamun seug rek mere bantuan boh mantuan karinganan nganjuk 
atawa hibah, nu rek mere teh, meni hayang diabadikeun make video atawa poto 
sagala saheunteuna menta dimuat dina koran."

"Ari Alo kapanan ari baheula mah timanaeun aya video, poto tur koran." 

"Kapanan ceuk paribasa mah, mun anjeun barang bere ku leungeun katuhu tong 
sampe apaleun leungeun anu kenca, sanes kitu mang ?" tembal si Alo

"Enya bener, saliwat mah nu barang bere make acara di potoan atawa difilemkeun 
sagala teh, jiga anu pamer nya Lo, ngan jigana geus jadi budaya keur jaman 
kiwari mah."

"Lamun kitu mah engkena bisa ngadeukeutan kana sifat takabur, contona kieu Mang 
; Lah si eta mah usahana maju teh pedah we baheula ku aing dibantuan, tuh 
malahan aya potona sagala, mun teu percaya tuh tanyakeun ka si anu."

"Lo..nukitu mah sarua jeung mapay-mapay podol sorangan." tembal Mang Utas
"Maksud Amang ?"

"Kieu Lo...sabenerna ceuk Amang mah ari  barang bere mah, ibaratna kudu jiga 
miceun di walungan, jadi teu kudu dipapay-papay sagala, coba saha anu kelu 
mapay-mapay podol sorangan..palid ka mana nya podol nu aing? "

"Kapanan sok aya Mang, jalmi anu ngorehan podol sorangan, contona jalma anu 
ngalegleg duit logam." tembal si Alo

"Ah..eta mah ka asup force major atuh Lo.." 
"Tapi Lo...aya oge jalma anu sangsara alatan ngahaja ngaleglegan duit batur, 
tuh contona loba malahan keur rame ayeuna di Garut."

"Lah..Mang tong su'udzon kitu, kapanan urang mah karek ngadenge wungkul." 
tembal si Alo

"Mana geus di abuskeun kana tahanan oge meureunan geus kabuktian Lo.." tembal 
Mang Utas 

"Enya kukituna mah, mudah-mudahan para panegak hukum di urang tiasa 'nindak' 
anu sa adil-adilna nya Mang."

"Keun urang bandungan we Lo..susuganan kajadian anu samodel kitu teh jadi 
'pembelajaran' keur calon pamingpin atawa pupuhu anu geus jeneng."

"Mang ieu teh kalahka ngobrol ngaler ngidul kieu, punten atuh nya Mang dikantun 
heula, eta puguh Kang Ewok menta dianteur ka imahna Ceu Enjum."

"Heueuh jig sing hasil....Amang ge rek ka balong heula." tembal Mang Utas bari 
nguniang hudang.

Ditulis ku : Kebo Hideung -Kawalu Tasikmalaya
Tags: paguneman mang utas

Kirim email ke