Naha jadi ngomongkeun Abdi hihi...
Geer pisan

On 7/27/07, Dulhalim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kocap kacarita Jang Adun jeung nyi Icoh teh geus aya sataunan jatuk rami.
>
> Ayeuna mah geus boga budak hiji umur 2 bulan.
>
> "Akang, kumaha lamun urang KB?" Nyi Icoh ngomong ka salakinan
>
> "Enya akang oge hayang KB teh ngan embung ari kudu make sagala rupa alat KB
> mah." Jang Adun nembalan.
>
> "Na kunaon kitu kang?"
>
> "Ah embung we, lamun akang make sarung meureun matak teu karasa. Lamun nyai
> make IUD, akang mah teu rido"
>
> "Kudu kumaha atuh kang, embung abdimah loba2 teuing budak mah"
>
> "Kieu we atuh nyi, isukan kua akang rek ditanyakeun ka mang mj kumaha carana
> KB tradisional tanpa alat KB" jang Adun mere bongbolong.
>
> Isukanana…
>
> "Nyi, nyi" Jang adun nyalukan nyi Icoh
>
> "Aya naon kang? Ieu di kamar keur mepende budak" nyi Icoh nyalukan
>
> "Nyi, ceuk mang mj lamun erek KB tradisional mah gampang carana"
>
> "Nya kumaha atuh kang carana teh?"
>
> "Kieu nyi, lamun erek …… ceunah kudu di belah katuhu tuluy mun turun ka
> belah kenca, tah kitu nyi" jang Adun ngajelaskeun
>
> "Maenya kang, ngan sakitu. Gampang pisan atuh kang" Nyi Icoh atoheun
>
>
>
> Sababaraha bulan kahareup…
>
> "Akang, akang kadieu geura" ceuk nyi Icoh bari hariweswes
>
> "Aya naon nyi, siga nu kasieunan kitu" jang Adun nembalan bari nyampeurkeun
>
> "Kumaha ieu teh akang, geuning KB tradisional teu ampuh. Tuh tingali hasil
> tesna, abdi positif deui ngandung geus dua bulan" tembal nyi Icoh
>
> "Har, kutan biasa kieu" jang Adun heraneun
>
>
>
> Isukanana jang Adun nepungan mang mj
>
> "Mang, geuningan cara KB tradisional teh teu jitu? Pan ceuk emang naek ti
> katuhu turun ka kenca" jang Adun cacarita
>
> "Enya pan ceuk emang oge naek ti katuhu turun ka kenca, bener teu?" mang mj
> balik nanya
>
> "Bener mang, unggal migawe we siga kitu." Jang Adun nembalan
>
> "Ke ke ke, ari jang Adun mampir teu di tengah-tengah?" mang mj nanya deui
>
> "Maksad emang kumaha?" jang Adun heraneun
>
>
>
> Tah pamiarsa sadaya, mangga geura lajeungkeun eta carios. Naon nu dimaksad
> mampir ditengah-tengah ku mang mj.
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke