>>>>>>>>> Lamun awewe jadi pupuhu...., karunya teuing duka sabaraha sekretaris
bakal diganti....., anu karereanana awewe bakal diganti jadi lalaki.
Anu jelas bakal aya salon khusus anu ngaropea kumis, janggot jeung
godeg..... <<<<<<<<<<<<<
Aduh hawatos teuing kanu teu ngartos !
Istri atanapi pameget janten pimpinan sami wae, anu penting aya manfaat nyata
ka rayat.
Ayeuna Amerika bade milih President ...... Kandidatnya anu rada punjul dua:
1. Obama (black American) anu pernah hirup di Jakarta
2. Istrina Bill Clinton.
Mangga uningaan kinten-kinten saha anu bade mimpin nagara paling kuat sadunya
teh, naha jalmi hideung atanapi istri.
Akang, teteh, kantos tuang di Kampung Priangan di MTC, Jl Soekarno-Hatta,
lantai II ?
mangga cobian, asa aneh aya saung di gedung ...... ceuk bahasa
sundamah...eungap......jadi heunteu waas kang, teteh.
wass
Ely nu geulis tea.
---------------------------------
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on,
when.